Karya : Hadi AKS
surat-surat nu dikirimkeun angin, biheung kamana tujulna
da geus lawas teu ngampihan alamat. teu ngampihan
alamat.
Kasono nu mindeng dikedalkeun, duka saha nu
halon mairan peuntaseun jempling.
Tapi kuring terus nanya jeung néangan. Saha anjeun,
dimana anjeun?
lain catetan atawa sora nu ngulayaban peuting
éstu jirim sorangan, leuseuh nyungsi galindeng anjeun.
Kasono nu nyading ti bareng lahir nu sok bedah jadi walungan
cipanon,
jadi kapeurih nu langgeng. nu langgeng.
Jungjunan, kuring nyuuh cipruk deui!
lantaran terang. Lantaran terang yén dina hiji mangsa ieu daging jeung tulangna, bakal luluh ngalumpuruk
neuteup éndahna pameunteu anjeun. Kuring leyur ku mangréwu ni’mat.
Tuluy sirna dina gulidag cahaya anjeun.
2002
Tidak ada komentar:
Posting Komentar