Minggu, 08 Desember 2013

Pagelaran Kasenian SSSNI

10 November 2013 hari Minggu
@Gedung Kenanga Kebon Kalapa Rajapolah Tasikmalaya






















Sabtu, 07 Desember 2013

Sajak Sunda : NÉANGAN ANJEUN

Karya : Hadi AKS

surat-surat nu dikirimkeun angin, biheung kamana tujulna
da geus lawas teu ngampihan alamat. teu ngampihan alamat.
Kasono nu mindeng dikedalkeun, duka saha nu halon mairan  peuntaseun jempling.
Tapi kuring terus nanya jeung néangan. Saha anjeun, dimana anjeun?
lain catetan atawa sora nu ngulayaban peuting

éstu jirim sorangan, leuseuh nyungsi galindeng  anjeun.

Kasono nu nyading ti bareng lahir nu sok bedah jadi walungan cipanon,

jadi kapeurih nu langgeng. nu langgeng.

Jungjunan, kuring nyuuh cipruk deui!

lantaran terang. Lantaran terang yén dina hiji mangsa  ieu daging jeung tulangna, bakal luluh ngalumpuruk

neuteup éndahna pameunteu anjeun. Kuring leyur ku mangréwu ni’mat.

Tuluy sirna dina gulidag  cahaya anjeun.


2002

Lirik Lagu SSSNI : Percomah

Masak naon  meni seungit ngahiliwir
Aeh gening akang naha sumping siang2
Di kantor  teu puguh cabak
Rada teu ngareunah awak
Duh hawartos mangkaning teu acan beberes

Cing goreng oncom
Apan kangge sayur lodeh
Atuh eta goreng tempe
Hapunten teu acan garing
Ngaraosan angeun teu acan disamaraan
Gening sagala teu acan atuh akang dahar naon?
Ulah ngarewong  nu  di dapur  sok pusing

Akang keur gering ubaran sangu sapiring
Hawartoskanu teu damang
Beasana nembe ngisikan
Hanas balik di imah aratah keneh
Duh percomah


Ngaraosan angeun
Teu acan di samaraan
Gening sagala acan

Ari akang dahar naon

Tentang Sanggar Seni Siswa Nagara Injuk

          Sanggar Seni Siswa Nagara Injuk didirikan oleh Adhika Nurkholis Aziz S.Pd., pada tanggal 20 Juli 2009 di kampus SMK Negeri Rajapolah tepatnya di jalan Ciinjuk No.1 Desa Sukaraja, Kecamatan Rajapolah, Kabupaten Tasikmalaya dan  bergerak untuk melestarikan dan mengembangkan seni tari tradisional, teater, sastra dan musik khususnya kesenian tradisional tatar sunda dan terus berinovasi dengan budaya asing yang masuk pada zaman globalisasi ini namun masih mempertahankan gaya kesenian tradisional, umumnya di Kabupaten Tasikmalaya,  Provinsi Jawa Barat. Maka pada hari Senin tanggal 20 Juli 2009  membentuk kepengurusan sanggar dengan tetap memakai nama "Sanggar Seni Siswa Nagara Injuk" sampai sekarang.

Lirik Lagu SSSNI : MARS SSSNI

Haturan - Haturan
Baraya Siswa Siswi SMK
Rajapolah nu pada micinta
nepangkeun Sanggar Nagara

Tempatna - tempatna
mekarkeun daya kreasi siswa
wirahma sastra jeung sandewara
nyanggakeun kasadayana

reff:
inspiratif, jujur kreatif
siloka nujadi nyawa
naratas ku kadaria
yu kabung ilubiung
di sanggar sagara

Lirik Lagu SSSNI : Gusti

Allah mugia ditampi
Ieu bakti abdi gusti
Mungka Alloh abdi sujud
Mungka Alloh Abdi tumut



Ya Alloh Mugia Ngahapunten
Dina Samudaya Dosa

Na poe ieu langit keur alum
Mangsa awaking mulang ka indung
Simpai kadeudeuh nu ngajajapkeun
Gupai Kamelang nu nganteur tineung



Lirik Lagu SSSNI : Kedal Niat

Dimana Geus kedal niat
                Dimana Geus kedal niat
Urang satia kadinya
                Urang satia kadinya
Dimana tacan laksana
                Dimana tacan laksana
Niat kudu dipiara
                Niat kudu dipiara
Ulah malaweung najan sakeudeung

Satungtung tacan nu cekil
                Satungtung tacan nu cekil
Nuleutik teh lain ceuhil
                Nuleutik teh lain ceuhil
Samemeh meunang nugede
                Samemeh meunang nugede
Nu leutik teh lain remeh
                Nu leutik teh lain remeh

Demi niat 4x
Ulah pisah tilampahna

Ulah jauh tiwujudna

Lirik Lagu SSSNI : Eling-Eling

Eling – eling dulur kabeh
Ibadah ulah campoleh
Beurang Peuting Ulah wereh
Bisina Kaburu paeh

Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku gusti
Najan Raja nyakrawati
Teu bisa nyingkahan pasti

Kaduhung kaliwat langkung
Tara nyembah ka yang agung
Sakarat nyeri kalangkung

Jasadna teu meunang embung 

Naskah Drama : Lemah Cai

Drama dibuka ku lagu “lemah cai” karya Rd Mahyar Anggakusumadinata, dengan diiringi musik gamelan.

Lemah... cai kuring....
Nagri endah asri rasmi...
Sugih cacah jiwa
Bahan lubak libuk
Simkuring tresna miwah nyaah
Lemah cai
Indonesia jaya
Kuring suka kuring betah
Indonesia gemah ripah...

Saparantos drama dibuka ku lagu”lemah cai”, para pendemo asup kana panggung, merankeun mahasiswa anu demonuntut hak-hak warga negara.

Moderator       : (nyarios kana toa) REVOLUSI.............!! REVOLUSI..........!!!!
Kami ingin bukti, mana janji-janji manis kalian?? Dulu kalian memberikan banyak sekali kata untuk memperbaiki kinerja pemerintahan, mana???? Mana, Janji manis itu?? Kini kami menagihnya !!! kami ingin kalian memberikan hak-hak kami yang kalian ambil tanpa menoleh sedikitpun bagaimana keadaan rakyat kalian, bagaimana kehidupan orang-orang disekitar kalian. Kalian menutup mata dan telinga kalian!!! Seolah-olah itu tidak pernah terjadi. Kami ingin janji-janji itu terpenuhi, kami ingin hak kami!! Jangan kalian ambil hak yang memang milik kami!!! REVOLUSI..........!!!! REVOLUSI.....!!!
MASA                        : REVOLUSI....!!! REVOLUSI..........!!
           
Pendemo keluar dari panggung, datang tiga arwah pahlawan

Arwah kartini           
Daripada mati itu akan tumbuh kehidupan baru. Kehidupan baru itu tiada dapat ditahan  tahan, dan meskipun sekarang dapat juga ditahan-tahan,  besoknya akan tumbuh juga dia, dan hidup makin  lama makin kuat makin teguh.
Arwah M Toha
Tidakkah hati terasa hambar, apabila kemerdekaan yang di idam-idamkan setiap orang perlahan lenyap? Tentu bukan hanya sekedar hati terasa hambar, namun jiwa pun terasa kosong bila hal itu terjadi.
Arwah Soekarno
Tidakkah terpikir dalam benak setiap orang bahwa siapa sahaja yang rela menaruhkan nyawanya demi bumi pertiwi telah banyak mengeluarkan darah dengan api pengorbanan yang takkan pernah habis dimakan zaman.
Arwah Toha
Basah Embun masih terasa di mata kaki, Rumput hijau, indahnya mentari menyapa, Aku berhasil mengendap, Di antara ilalang dan menyelami citarum, Menyusuri terowongan berbau busuk, Kutekadkan dalam hati, Pagi ini , atau tidak sama sekali.
Bidadari menyapa, tersenyum manis, Ketika martil yang kugenggam, Kuayunkan menghasil percikan, Suara menggelegar, Bandung terbakar, Aku pasrah, walau tubuh ini harus terbakar, Tetapi cita-citaku, cita-cita bangsaku tak pernah menjadi arang.
Arwah Kartini
Hati ini terasa gundah, perjuangan yang selama ini aku lakukan, sia-sia belaka melihat anak cucuku menyalahgunakan perjuangan itu. Aku berjuang demi kebebasan para wanita-wanita perkasa dari penindasan bangsa penjajah. Tapi, kulihat wanita pada zaman yang kian maju ini, kini mereka menganggap mereka adalah wanita yang bebas. Mereka melakukan semua pekerjaan yang mereka mau dengan bebas, tanpa memikirkan bagaimana pekerjaan itu dapat membuat mereka menjadi orang yang hina, bahkan lebih hina dan rendah daripada hewan.
Arwah Soekarno
Kulihat perkamen kertas yang telah lapuk yang terkurung didalam sebuah kotak kaca yang dijaga rapi oleh para penjaga yang perkasa. Kubaca isinya dan ternyata masih sama seperti dulu kala ketika aku membacakan isinya didepan semua orang yang merindukan kemerdekaan, kubacakan dengan penuh harap dengan gagah berani, menunjukan bahwa ini bangsa Indonesia, ini bangsa yang telah merdeka. Masih ku ingat ketika sang saka merah putih dinaikkan kelangit bangsa ini yang cerah menandakan kemenangan yang selama ini kami tunggu, ku ingat keheningan pada waktu itu. Keheningan yang tak mungkin bisa kurasakan lagi. Hari itu pukul 10.00 hari jum’at 17 Agustus 1945. Aku mendengar teriakan bangsa indonesia “MERDEKA........!!!!”
Arwah kartini
(berbicara kepada toha dan soekarno) hati ini merasa miris ketika kalian berbicara seperti itu.
Arwah Toha
Perasaanku juga sama, tak dapat ku pungkiri memang jelas hal itu terjadi

Arwah Soekaro
Sudahlah! Aku ingin memperlihatkan sesuatu pada kalian!
Arwah Toha
Pasti tentang apa yang terjadi saat kau diculik ke rengas dengklok
Arwah Soekarno
Bukan!!
Arwah Kartini
Tapi kamu memang selalu membicarakannya, sampai-sampai telinga ini terasa panas, dan rasanya aku tidak mau mendengarkannya lagi
Arwah Soekarno
Ehhhh !! kalian harus mendengarkan ini, ini bukan tentang aku diculik atau apapun. Ini tentang cinta.
Arwah Toha
Tuh kan ! pasti tentang cinta
Arwah Soekarno
Ini bukan sekedar cinta biasa, ketika aku bertemu dengan seorang wanita, hati ini tak dapat dipungkiri lagi, aku cinta padanya. Aku jatuh cinta pada penjahit sang saka merah putih.
Arwah Kartini
Sudahlah!!!! Jangan kau bicara tentang dirimu. Anak-anak zaman sekarang akan mudah mencari tenteng dirimu di berbagai media, mulai dari buku, koran, radio, artikel bahkan internet!!
Arwah Toha
Heh tini!!! Emang kamu hidup pada masa apa???
Arwah Kartini
Pada.... masa.... penjajah
Arwah Toha
Tuh kan kamu nyadar sendiri, mana mungkin kamu tahu masalah internet, (berbisik) babalagaan nini-nini apal internet
Arwah Kartini
Heh kieu-kieu oge urang mah nini-nini gaul!! Apal kana internet, daripada anjeun aki-aki teu gableg kakenyos kubatur. Ngan nyaho ukur ngarit di sawah.
Arwah Toha
Eh eh.... maneh tong sok sembarangan kitu, nyaho kieu mah moal dikawin sia teh Icih!!
Arwah Kartini
Emang iraha urang kawin?? Teu sudi teuing kuring dikawin kunu ngarana toha teh!
Arwah Toha
Heueuhnya, poho. Na iraha urang kawin, da baheula mah urang teh beda zaman.
Arwah Soekarno
Beda zaman??? emang ayeuna zaman iraha???
Arwah Toha
Dua rebu tilu belas kaseeep.... pan urang teh geus jadi arwah atuh!!
Arwah Soekarno
Ohh urang teh arwah???? (watados)

Datang jelema beunghar tukang korupsi dibarengan jeung asistenna sarta juru tulisna.

Bu Ani
(nyepeng kipas bari gegeber, dipayungan ku asistenna)
Eha
Ek naon kadieu teh nyah?
Romlah
Ai si eha! Naha tadi maneh teu ngadengekeun si nyonyah ngomong naon ?
Eha
Naon kitu ?
Romlah
Si nyonyah teh ek meuli tanah ieu
Eha
Oh....!!!!!
Bu Ani
(bingung sabab si romlah teu mayungan manehna, terus nyentak) Romlah!!!! Mana atuh payung, payungan yeuh kuring da panas, ke kulit kuring anu mulus kieu bisi hideung!
Romlah
Oh enya nyah, poho aduh ieu teh, kalah diajak ngobrol tah ku si eha
Eha
Ihh... naha!? Bohong eta mah nyah ! bohong! Kuring mah teu ngajak ngobrol!! Ngan nanya wungkul.
Romlah
Bohong ketang nyah si eha mah, titatadi ge si eha mah ngajak ngobrol
Eha
Bohong nyah!! Ulah percaya!
Romlah
Enya ketang nyah
Eha
Henteu!!!!
Pa porongot2 duanana
Romlah
Enya!!!!!!
Eha
Henteu !!!
Romlah
Enya!!!
Eha
Henteu!!!
Romlah
Enya!!!!
Eha
Henteu!!!!
Bu Ani
Ahhh.... menggeus maneh teh!!! Pusiing yeuh sirah kuring!!!
Eha
Bade dipangmeserkeun oskadon??
Bu Ani
Lain lieur kituh!!!! (bari ngambek) kuring teh lieur kusabab maraneh!!
Romlah
Tuh kan , gara-gara maneh eta mah eha
Eha
Eh eh eh eh pitnah eta mah, pitnah eta mah, nyah !!!!
Romlah
Henteu ketang nyah, tah da si eha nu ngamimitiannana
Eha
Tah si romlah ketang!!
Bu Ani
(ngambek) meungeus............!!! gandeng siah aing lieur!!
Teu lila aya telepon ka bu ani, bu ani langsung ngangkat telepon sabari langsung ngobrol, samentara anu duaan masih keneh parea2 omong.
Eha
Ah.. da maneh mah! Jadi weh si nyonyah ngambek, di potong gajih sia geura!
Romlah
Ih.. naha jadi kakuring ? pan maneh anu ngamimitiannana oge!
Eha
Maneh
Romlah
Maneh!!
Eha
Maneh !!!
Romlah
Maneh !!
Eha
Maneh!!!
Bu Ani
(ngeureunkeun heula nelepon terus ngambek kanu duaan) gandeeee.....ngggg!!!!!! teu ningali ieu urang keur nelepon ???? cik atuh bisa teu jempe!!(neruskeun nelepon)
Eha
Tuh kan, ngambek deui weh!
Romlah
Gara-gara maneh eta mah!
Eha
Eh ari maneh kunaon romlah, pan enggeus ceuk si nyonyah ge, gandeng !!!
Bu ani
(beres nelepon beungeutna langsung gumbira) senangnya...... hati ini!!!
Romlah
Aya naon nyah??
Bu Ani
Juragan samili geus resmi ngajual ieu tanah ka kuring!!! Waahh ni bahagia!
Eha
Nya sukur ari kitu mah nyah!! Naha gening daekeun di beuli ku nyonyah??
Bu Ani
Nya daekeun atuh da budak na kukuring di culik terus kuring menta tebusan 1 milyar, tah kulantaran si juragan samili teu boga duit sakitu , jadi weh ieu tanah dijual kakuring, jhahahah....!!
Romlah
Alus ari kitu mah nyah !! tapi naha bet make cara kitu,?? Pan eta mah cara licik
Bu Ani
Heh romlah, anu jujur mah moal bisa hirup jaman ayeuna mah, anu ngaraja teh jalma licik jeung anu palalinter wungkul, teu kawas maneh duaan!!! Ihhhh... daekan teuing jadi kawas maneh duaan mah!
Eha
Tuh romlah dengekeun!! Si nyonyah mah embung jadi kawas maneh teh!
Romlah
Ehh ... lain ka kuring wungkul ka maneh ge sarua
Eha
Nya henteu, ihhh.. henteu nya nyah?!
Bu Ani
Ngomong naon atuh ari maneh teh eha!!
Romlah
Puas siah!!!!
Bu Ani
Sarua maneh ge!!! Geus atuh buru payungan deui urang indit ayeuna mah ka imah juragan samili!
Romlah+eha
Hayu nyah!!!!

Bu Ani, asisten jeung juru tulisna indit ka imah juragan samili, datang pemulung jeung istrina

Icih
(kukulutus teu puguh)
Sodikin
Naon atuh ari maneh teh icih?? Titatadi baeud we,! Bari kukulutus teu puguh.
Icih
Pusing kuring teh kang, iraha akang rek nurut ka kuring
Sodikin
Nurut naon ari maneh? Ti baheula ge kuring mah sok nurutkeun kahayang maneh!
Icih
Nurutkeun timana!? Nu aya ge akang mah sok malah ngarusak kayahang batur
Sodikin
Eya atuh terus anjeun teh peryogi naon deui juragan ???
Icih
Kuring mah... butuh..... duit
Sodikin
Mangga, ku akang dilaksanakeun, hoyong artos sakumaha?
Icih
(bari seuri)ah teu pira kang ngan 5 juta we...
Sodikin
Teu pira cenah! Duit sakitu teh lain perkara gampang.
Icih
(baeud deui)
Sodikin
Yeuh! Dengekeun icih! Kuring teh keur usaha neangan duit keur biaya kahirupan urang, pan atuh urang teh kudu nyakolakeun si otong.
Icih
Tah apal gening akang teh, atuh... ayeuna mah wang milarian heula artos
Sodikin
Pan heueuh titatadi ge eukeur ieu teh
Icih
Eta mah lain neangan duit tapi neangan sampah siah teh ikin!!!
Sodikin
Na ari maneh sok teu mikir, saacan jadi duit teh kudu diolah heula
Icih
Ah.. sok loba alesan maneh mah ikin!!!!!
Sodikin
Nya rek mkumaha deui emang itu ayana
Icih
Teuing..... kuring mah lieur, loba nu nagih hutang maneh kakuring, kuring teh era ikiiiinnnn!!!!
Sodikin
Tong di ladenan atuh ari era mah icih
Icih
Ah dasar..... panakol bedug sia teh ikin.!!!
Sodikin
lamun kuring panakol bedug, maneh bedugna berarti si otong teh, hasil ngadulag!!!
Icih
Tuh nya da maneh mah diajak serius teh kadon heureuy.
Sodikin
Nya geus atuh lah tong sok loba omong, ayeuna mah urang istirahat heula da geus peuting ieu teh!!
Icih
(kukulutus bari rek ngagoler)
Sodikin
Geus atuh icih wang sare

Teu lila datang para arwah bari ningalikeun nu keur sare

Arwah Soekarno
Hate meni miris kieu, ningali bangsa urang kieu nasibna
Arwah Kartini
Enya!! Meni asa di sayat hate kuring teh, kuring narohkeun nyawa pikeun ngamerdekakeun kaom wanita, tapi kieu kaayaan jaman ayeuna.
Arwah Toha
Lah... keun we da eta mah emang geus takdirna kitu!!

Arwah Soekarno
Lain kitu.. yeuh pikiran geura, maneh ngaduruk gedung di bandung teh keur naon ? keur ngalawan walanda lain??
Arwah Toha
Heueuh oge nya!
Arwah Kartini
Maneh kudu bisa ngarasakeun kumaha peurihna para pahlawan menrjoangkeun tanah merdeka, kumaha gagahna maranehannana!

Kadenge sora hayam kongkorongok, nandakeun bulan geus waktuna surup di ganti ku panon poe, icih jeung sodikin hudang.

Sodikin
Icih.. geura hudang!! Geus beurang, era ku pajalan kaki, ditingalikeun!
Icih
Jam sabaraha kitu ayeuna kang???
Sodikin
Teu nyaraho teuing da... pan maneh ge apal kuring teh teu boga jam
Icih
Aeh heueuhnya... poho , pan maneh teh jalma malarat
Sodikin
Eta geus bijil deui basa goreng !! geus we atuh urang neangan duit nu loba deui ayeuna mah.
Icih jeung sodikin kaluar panggung sabari mawa gembolan, para arwah ngaromongkeun kagagahan manehna nalika perang.
Arwah Toha
Kuring mah bebelaan ngorbankeun tanah kalahiran kuring demi merebutkeun nusantara teh, na kumaha budak zaman ayeuna ngaruksak pengorbanan anu samestina dinikmati.
Arwah Kartini
Awewe anu maksa jadi lalaki, lain karna hayang marebutkeun kabebasanana, malah jadi ngarendahkeun harkat darajat kaum awewe.
Arwah Soekarno
Getih nu nenjo dina sang saka, jadi saksi kagagahan bangsa urang mertahankeun ibu pertiwi, taya basa nu bisa di ungkapkeun iwal ti ngucap syukur ka yang Agung, tina sagala anu dipasihan ku Mantena.
Arwah Toha
Teu aya basa nu bisa ngagambarkeun kumaha perjoangan urang, para pajoang nagri, ibu pertiwi.

Kadangu sora genderang perang, nandakeun perang sakeudeung deui bakal dimulai, sora bedil ting dar der dor, gandeng kabawa tegang.


Para pajoang gugur dina medan tempur, terus datang para arwah pajoang ngayakeun hiji upacara penghormatan terakhir ku lagu anu dinyanyikeun sakabeh pamaen.