ADEGAN 1
MEMEH
LAYAR DIBUKA, PANGGUNG GEUS EAR KU SURAK JEUNG RUPANING TATABEUHAN, JIGA JAMAN
BAHEULA MUN SAMAGAHA SORA KOHKOL DITITIRKEUN, KETEL NYIRU JEUNG SAJABANA
BARANG
LAYAR BUKA/ LAMPU PANGGUNG CAANG KASAMPAK DUA PANGAWAL SAMAGRENG SANJATA,
RUPANING BEDIL, GARANAT, BAYONET JEUNG SAJABANA. BEUNGEUTNA KERENG
PIKASIEUNEUN, BARI
OGE PIKASEURIEUN, TATABEUHAN NGADADAK EUREUN.
PANGAWAL
(Ka
nu lalajo)
Kanjeng
raja Firaun bade sumping, kade omat ulah aya talanjak nu nguciwakeun. Rakyat
kere ulah sina liar. Tukang dagang di sisi jalan kudu dibubarkeun saheulaanan.
Jalan kudu leucir. Kabeh rakyat kudu someah, ulah aya nu bangkenu.
Tisuklakna-kasiklukna, kabeh jalma kudu katempo imut, atawa nyerengeh seuri
bungah. ngarti???!!!
PANGAWAL
RAJA MALIK NYANGHAREUP KA KENCA, TI KENCA DATANG ROMBONGAN RAJA FIRAUN.
ADEGAN 2
FIRAUN
DITANDU DINA KORSI KU PRAJURIT PANGAWALNA NEPI KATENGAH PANGGUNG, GEK
DIECAGKEUN, KABEH PRAJURIT PANGAWAL SIDEKU HORMAT. FIRAUN LANGSUNG NANGTUNG
KATINGAL SEMU NU HERAN, LAJAG-LEJEG JURU TULISNA BARI MAMAWA BUKU GEDE JEUNG
PULPEN, TEU WELEH NUTURKEUN BARI NYATET SAGALA PRIPOLAH JEUNG OMONGAN FIRAUN.
FIRAUN
PANGAWAL I
FIRAUN
PANGAWAL I
FIRAUN
PANGAWAL II
FIRAUN
PANGAWAL II
FIRAUN
PANGAWAL III
PANGAWAL IV
PANGAWAL I
PANGAWAL II
FIRAUN
PANGAWAL II
FIRAUN
FIRAUN
PANGAWAL I
FIRAUN
PANGAWAL II
FIRAUN
|
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
|
Asa
heran teu beak pikir kami mah.
Naon
tea sun?
Na
bener kitu, beja-beja na TV, na Koran, na majalah
Wartos
naon tea sun?
Eta
cenah, Si Masyitoh masih aya keneh di dunya. Apan geus pirang-pirang abad ka
tukang manehna teh paeh digodog na timah ngagolak.
Leres
pisan, teu lepat. Si Masyitoh teh
geus modar. Kapan dina buku sajarah oge diserat, algojo anu maehannana
teh, teu aya sanes karuhun abdi pisan.
Tuh
ningan, sidik pisan.
Naming
mugi Gusti emut. Geuningan waktos Gusti diistrenan jeneng Firaun oge,
ngawitan mah seueur nu nganaha-naha. Pajar teh, ayena mah abad 21, piraku aya
keneh Firaun. Kitu saur rahayat teh.
Aeh-aeh
ari maneh. Belegug teh beak ku sorangan. Kudu ngarti atuh. Pake atuh akal
sehat. Bangsa kami mah rek datang deui-datang deui oge pantes. Kami mah puguh
udaganna. Kapan param hayang jeneng Firaun teh.
Parebut!!
Pakuat-kuat!!
Papinter-pinter
siasat.
Leres
pisan, abdi Gusti nyakseni. Teuing tos sabaraha ratus boa rebu jelema nu
disiksa, dipanjara, dibuang, malah dipaehan ku abdi.
Leres
basilat, khianat!!
Hus,,
ulah diboretekeun teuing atuh, bisi aya cakcak bodas.
(Nyereng
ka Pangawal IV) Ari maneh.
Yeuh,
na teu karasa genahna ku maneh?
Boga
leuweung upluk-aplak, sawah, imah sigrong di unggal real-estate, mobil keur
anak, keur pamajikan. Dipiaserab, dipikasieun.
Teu
gampang jadi firaun teh deuleu. Iwal ti kudu kuat gede tanaga. Lahir bathin
kudu eusi, ngingu dukun oge mang pirang-pirang.
Leres
Gusti, abdi nyakseni pisan, waktos Gusti mati geni. Puasa siang wengi. Mutih
opat puluh dinten opat puluh wengi. Tos puguh ari ngadamel sasajen kanggo Dewa
Ra mah. Moyan neuteup panon poe. Teu acan kapan gusti ngulik
mangpirang-pirang buku, buku politik, buku basilat.
(Nyereng)
Lain basilat atuh,, Siasat kituh!!!
PARA
PANGAWAL SILIH TEUTEUP UNGSEM
Meunggeus-meunggeus,
tong ngacapruk Balik deui kana rusan Si Masyitoh. Sugan maraneh geus
nyilidik. Naon kahayangna cenah??
Naon
pangna manehna geus aya deui di dunya? Boh kitu boh kieu, teu hayang ari kami
kudu ngalayanan awewe mah! Lain sieun, kade maraneh ulah salah sangka. Rujit
puguh!!!
Jeung
mangtanggul mah, anggur daek dijadikeun harim ku kami, moal teu disenangkeun.
Mugi
Gusti ulah salempang. Abdi parantos ngutus mata-mata, kanggo nalungtik. Moal
lami deui bakal dongkap laporan.
Tah
bener atuh ari kitu mah. Pangawal hideng ngarana.
PARA
PANGAWAL SILIH TEUTEUP, REUEUS ASA KAPAKE
Salajengna
Gusti bade ngaroris kamana deui?? Saena mah urang tingalian ka rada tonggoh.
Manawi we gusti tiasa langsung ningali tempat anu cocok kanggo ngadamel
PIRAMID tea.
Heueuh,
asa diingetan. Kapan kami teh keur neangan tempat anu tumaninah keur
ngadegkeun piramid tea. Hayu atuh buru. Teu kudu ditandu. Cangkeul asa
titingkuheun. Anggur leumpang
|
FIRAUN
JEUNG PARA PANGAWALNA KATUT JURU TULIS
NGURILINGAN PANGGUNG LENGA-LENGO KA UNGGAL JURU. ANTUKNA REG EUREUN.
FIRAUN
|
:
|
(nunjuk
ka salah sahiji tempat)
Pangawal!!!
|
PARA
PANGAWAL HARIWEUSWEUS NINGALI KANU DITEUTEUP KU FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
PANGAWAL
JURU TULIS
PANGAWAL
JURU TULIS
|
:
:
: : : : : : : :
:
|
Aya
pikersaeun naon Gusti???
Ari
itu, naon mani ngemploh hejo??
Moal
lepat deui, eta teh kebon sampeu Gusti!!
Kacipta
ngeunahna di nagara mesir mah hese melak sampeu teh.
Gusti
bade ngersakeun???
Ih,
puguh we. Beuki kami oge
Teu
kedah salempang. Enjing eta kebon parantos kagungan Gusti.
(ka
juru tulis) Ulis!!
(Nyampeurkeun)
Abdi kulan!!
Catet.
Ti mimiti poe isuk kabeh kebon sampeu kudu geus jadi kagungan Gusti.
Mangga,
pantos!!!
|
PARA
PANGAWAL NYAMPEURKEUN NGADEUKEUTAN JURU TULIS, KABEH PILI GENTI NGAHAREWOS.
PANGAWAL
JURU TULIS
PANGAWAL
PANGAWAL
PANGAWAL
FIRAUN
|
:
:
: : : : |
(Piligenti)
Kade…
Biasa….
Sesakeun
Keur kami…..
Komisi
bagi-bagi….
Sami-sami. Sami kabagi sadayana
Pabrik
comro!!
Pabrik
tapioka!!
Pabrik
gaplek!!
(Ngagentak). Tah kitu!!
|
PANGAWAL
KAGET, BUBAR NANGHAREUP DEUI KA FIRAUN. SIAP NUNGGU PARENTAH.
FIRAUN
NGURILING DEUI. DITUTURKEUN KU PARA PANGAWAL,
REG EUREUN
FIRAUN
|
:
|
(Ungas-ingus)
Ke..ke bau naon ieu teh pangawal???
|
KABEH
PANGAWA REUWAS. TING SIRIWIK KADITU-KADIEU, BARI PARAHI UNGAS-INGUS JIGA UCING. SILIH PELONG
PARAHI NUTUP IRUNG. SILIH TUDING, SILIH TUNJUK.
FIRAUN
NINGAL PARANJAK PANGAWALNA, NGARASA HERAN.
FIRAUN
|
:
|
(Nyentak)
Bau naon ieu teh? Beh dieu atuh!!
|
KABEH
PANGAWAL NYAMPEURKEUN FIRAUN, NGINGUS DEUI.
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
|
:
:
:
|
(Bareng)
Ba…..Ba…..Ba….
Bau
beuleu lauk asin gusti!!!
Ngeunah
jigana teh. Di Mesir mah hese neangan nu kieu seungitna teh!!
(Ka juru tulis)
Ulis!!
Ti
mimiti poe isuk. Kabeh lauk asin kudu disanggakeun ka Gusti Firaun!!!
|
JURU
TULIS SIBUK NYATET NA BUKUNA.
PARA PANGAWAL
NGADEUKEUTAN DEUI, TING HAREWOS.
PANGAWAL
JURU TULIS
PANGAWAL
PANGAWAL
PANGAWAL
JURU TULIS
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
|
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
|
(Piligenti)
Kade
poho…
Biasa….
Sesakeun
Keur kami…..
Komisi
bagi-bagi….
Sami-sami
Sami-sami
kabagi walatra sadaya… hehehe..
Pabrik
sardencis…..
Pabrik
lauk asin…..
Ngabendung
laut…..
(Ka
Pangawal) Tapi,, kaya kieu mah rakyat burindil atuh!!!
(Nyentak)
Make loba omong.
Nu
penting mah urang sarerea kabagi perelekna. Ngarti?
Naon
ieu teh ribut??
(Murengked)
Ah, teu aya nanaon Gusti. Ieu Ki Ulis lepat nyerat.
(Nunjuk
ka jauhna)
Tuh..tuh…
jigana aya tempat nu tumaninah. Sugan cocok keur Piramid… hayu urang ilikan.
Bade
ditandu atanapi badarat wae Gusti?
Mending
leumpang jigana mah.
Keun
we korsi mah, resep sok loba nu marebutkeun.
|
FIRAUN
DIIRING KU PANGAWALNA KA LUAR PANGGUNG
ADEGAN 3
MASYITOH
DIIRING KU WANOJA-WANOJA ASUP KA PANGGUNG. KABEH KAGET BARANG NINGALI AYA KORSI
RAJA FIRAUN
WANOJA I
WANOJA II
WANOJA III
MASYITOH
WANOJA IV
WANOJA I
WANOJA III
MASYITOH
WANOJA
MASYITOH
WANOJA II
MASYITOH
SAREREA
MASYITOH
SAREREA
MASYITOH
SAREREA
MASYITOH
SAREREA
|
:
: : : : : : : : : : : : : : : : : : |
Tingali
Masyito. Moal lepat deui, ieu korsi teh gaduhna raja Firaun.
Astagfirulloh.
Ulah kitu dulur-dulur. Dimana wae, keur kumaha wae, urang ulah petot nyambat
Asma Anjeuna.
Na
moal kitu, engke anjeun dihukum deui. Digoreng na timah ngagolak.?? Jiga
jaman baheula??
Lillahita’ala.
Keur nanjeurkeun agama, ti baheula oge tara
kungsi gimir. Hate teh teger batan hengker.
Leres
pisan Masyitoh. Tauladan anjeun janten lilinggeran umat dugika ayeuna. Ngucap
syukur alhamdulillah oge teu bosen-bosen, barang ngadangu anjeun aya keneh
dikieuna.
Nanging
aya teu kahartos. Ayeuna teh kapan abad 21, ari Masyitoh kapan ayana teh di
jaman baheula. Jaman kuno di Mesir.
Ah
teu nanaon, malah ku emutan kudu seueur Masyitoh teh jaman ayena mah.
(Imut
mani leleb) Tah geuning leres pisan,
pemting Masyitoh aya di dunya
teh. Aranjen oge tiasa janten Masyitoh
(Kaget)
Janten Masyitoh??
Leres
pisan. Nya ayeuna pisan waktosna cumeluk ka anjeun sadayana. Hayu urang
babarengan jadi Masyitoh. Masyitoh anu tigin kana agama. Teu kabita ku
rupaning gogoda. Teu gimir ku pangalaman peurih panyiksa.
Naha
urang oge kudu ngadunungan ka Firaon?? Janten juru laden Putri TAIA? Naha urang oge bakal
ngalaman digodok ku timah panas?
Teu
dipungkir. Kungsi Masyitoh ngadunungan Firaun, jadi juru laden Putri TAIA.
Tapi jaman ayeuna mah lain jaman Masyitoh eleh ku Firaun. Masyitoh ayeuna
mah, Masyitoh anu geus kuat digodog ku ngagolakna timah jaman.
(Sumanget)
Hayu
urang tumpes Firaun.
Jaman
ayeuna, jaman Firaun anu kudu digodog ku timah ngagolak!!!
Hayu
urang gempur Firaun!!!
Hayu
urang gempur kamungkaran!!
Hayu!!!!
Ti
baheula urang teu sieun ku Firaun!!
Ti
jaman baheula urang teu sieun ku Firaun!!
Urang
kudu neangan siasat, lain basilat, sangkan Firaun tumpur!!!
Siasat,,
lain basilat!!!
Tumpur
Basilat!!!
Hidup
Masyitoh!!!
Tumpur
Raja Firaun!!!
|
SAREREA
JADI IRING-IRINGAN, TERUS KALUAR. SAKEDAPAN PANGGUNG KOSONG. KASAMPAK AYA DUA
PANGAWAL FIRAUN. MARANEHNA NGINTIP KA ROMBONGAN MASYITOH.
PANGAWAL I
PANGAWAL II
PANGAWAL I
PANGAWAL II
PANGAWAL I
PANGAWAL II
PANGAWAL I
|
:
: : : : : : |
Tuh…tuh…
Euleuh
beuki nambahan!!
Lawan
bae kitu??
Asa
keueung ari nempo nu nekad kitu mah!
Nya
eta, sarua. Sieun ningan ku awewe ge ari kompak mah. Uluuuh itu beuki
nambahan. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut. Teu nyana bakal kieu jadina..
Palangsiang dunungan urang bakal tumpur.
Mendingan
oge urang saurkeun heula ka Raja Firaun. Urang mah kumaha Raja we. Ulah sok
ngaleuleuwihi.
Enya,
kudu aya restu jeung Petunjuk sagala oge. Hayu lur,, urang lapor!!
|
PANGAWAL
KALUAR.
ADEGAN 4
BARI
NAFSU NGAGUGUDUG, FIRAUN ASUP KA PANGGUNG. DIGIRINGKEUN KU PARA
PANGAWALNA. GEK DIUK NA KORSINA. KI JURU TULIS ANGGER NGUNTIT BARI NYATET SAGALA POLAH JEUNG UCAP RAJA
FIRAUN.
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL II
FIRAUN
PANGAWAL II
JURU TULIS
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
JURU TULIS
PANGAWAL
JURU TULIS
FIRAUN
JURU TULIS
FIRAUN
JURU TULIS
FIRAUN
JURU TULIS
FIRAUN
JURU TULIS
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
|
:
: : : : : : : : : : : : : : : : : : : : : : : : : |
Culangung.
Teu nalipak maneh. Samarukna ieu nagara teh nagara manehna. Wani nguhak Raja.
Pangawal!!!
Parentahkeun
ka sakur prajurit. Tewak,, asupkeun ka penjara kabeh ngaran Masyitoh.
Aduh,,,
jiga moal tiasa Gusti!!
Naha???
Nguningakeun,
rehna sadaya awewe di ieu nagara parantos janten Masyitoh. Upami sadayana
dilebetkeun ka panjara, tangtos moal lebet Gusti..
Kumaha
lamun langsung we digodog ku timah??
Na
Gusti hilap kitu?
Naon
tea??
Sumuhun,
kapan timah tes sadayana parantos dieksport.
Artos
ladang timah teh, seep dianggo ngadamel Piramid tea.
Malah
urang gaduh hutang mang milyar-milyar ka nagara deungeun
Kumaha
mun digoreng ku minyak kalapa we atuh??
Aeh…
aeh… Gusti tos hilap deui bae. Leuweung parantos gundul, kalapa seueur
dituaran, diangge bangunan Piramid tea.
Dipake
real eastet ongkoh….
Hus!!!
(maju
ngadeukeutan Raja)
Manawi
kaangge, bade aya saran.
Pek..
pok!!
Upami
sadaya istri diieu nagara parantos janten Masyitoh (ragu-ragu)
Kumaha… upami pameget oge ulah eleh geleng..
E…E….
Teruskeun!!!
Kumaha
kanjeng Gusti upami ngadamel parentah sangkan sadaya pameget kudu janten Firaun.
(Kaget,
ngambek) Kabeh jadi Firaun??
Numawi…
nembe saran ieu mah…
Maneh
hayang nandingan kami?? Masyitoh bisa nambahan. Tapi Firaun ngan aya hiji.
Kami… Ngarti???
(Ngeleper)
Leres pisan …. Ngartos pisan..
(Marentah)
Pangawal!!
Godog
dina minyak ngagolak tah juru tulis bangkarwarah teh!!
Nun
Gusti, kapan parantos diuningakeun rehna di nagara teh tigerat minyak
Garang
we atuh, hese-hese teuing….
Gusur
kaluar!!!
|
PARA
PANGAWAL NGAGUSUR JURU TULIS KALUAR PANGGUNG. JURU TULIS TETEREJELAN, MENTA
DILEUPASKEUN.
JURU TULIS
|
:
|
Ampun…ampun…..
|
PANGAWAL
ARUS DEUI. FIRAUN DIUK DEUI NA KORSINA
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
PANGAWAL
FIRAUN
|
:
:
:
:
:
:
:
:
:
|
Kumpul
kabeh. Jigana ayeuna memang kaayaan darurat. Kukituna kami rek ngaluarkeun
parentahanan.
Catet
PANGAWAL
CINGRARINGRUH
Catet!!
FIRAUN LUAK-LIEUK, CAPA-CIPI, KARASA AYA NU
LEUNGIT.
Catet!!!
(Ngawani-wanikeun
maneh) Nun Gusti, kapan Ki Juru Tulisna oge parantos tatahar bade digarang
tea.
Ari
kitu mah ulah waka digarang atuh!!
(Bingung)
Janten kedah kumaha tuh Gusti?
Bawa
deui juru tulis kadieu, ulah waka digarang. Jaman tigerat kieu, hese neangan
ganti juru tulis satia teh!!
Mangga
gusti.
PANGAWAL
TIBUBURANJAT KALUAR MURU JURU TULIS
Waduuuuuh…
boa-boa geus geheng tah juru tulis teh.
TEU
SAWATARA LILA PANGAWAL GEUS HOL DEUI NGIRINGKEUN JURU TULIS.
(Ka
Juru Tulis)
Satungtung
tacan aya gantina, maneh masih keneh bisa jadi juru tulis. Ayeuna catet.
Jieun parentah harian. Parentahkeun sangkan kabeh pangawal kudu bisa ngawin
Masyitoh. Bibita ku dunya barana. Lamun teu bisa, pek we rek dikukumaha oge.
JURU
TULIS NYATET NA BUKUNA, FIRAUN KALUAR DITUTURKEUN KU PARA
PANGAWAL JEUNG JURU TULIS.
|
ADEGAN 5
OPAT
WANOJA DIGIRINGKEUN KU OPAT PANGAWAL, ASUP
KA PANGGUNG. PARA PANGAWAL GARUMASEP TULUY
DIUK PAPASANGAN.
PANGAWAL I
PANGAWAL II
PANGAWAL III
PANGAWAL IV
|
|
(Ngarayu)
Tuh tingali mobil ngajejer di terminal, kabeh oge pek keur nyai.
MASYITOH
I UKUR MESEM.
(Ngarayu)
Tuh tingali kareta api. Huluna aya nu beureum, aya nu paul. Kabeh oge keur
nyai.
MASYITOH
II OGE UKUR MESEM.
Kapal
terbang nu ngalayang. Kapal laut nu ngangkleung, keur urang hiber jeung
lalayaran. Kumaha nyai??
MASYITOH
III UKUR GOGODEG SIRAHNA
Gunung
Salak, Gunung Gede, Pek tataan unggal gunung nu katingali. Pek keukeupan ku
Nyai.
MASYITOH
IV KALAH KA CEMBERUT
|
PARA
PANGAWAL JENGKEL, MARANEHNA KUMPUL NGARIUNG BADAMI. KITU DEUI GRUP MASYITOH
KARUMPUL BADAMI PATING KUCIWES
NGADADAK
GRUP PANGAWAL NGOKANG BEDIL, NGARANGGEUM GARANAT. TAPI GRUP MASYITOH OGE TEU
TALANGKE NULAK CANGKENG TERUS SINGKIL.
PANGAWAL I
MASYITOH I
PANGAWAL II
PANGAWAL III
PANGAWAL IV
PANGAWAL I
PANGAWAL II
PARA PANGAWAL
PARA WANOJA
|
|
(Nodongkeun
bedilna)
Lamun
maneh teu bisa diajak badami, kumaha lamun ku ieu??
Pek,
tembakeun tah bedil. Kami bisa paeh. Tapi sing inget, Masyitoh-Masyitoh bakal
beuki nambahan.
(Bingung).
Jadi kudu dikumahakeun atuh. Dirayu teu bisa. Dibibita teu daek. Diancam
kalah ngalawan.
Enya
mangkaning geus kapalang bogoh.
Ah,.
Kami mah rek serah bongkokan we, geus teu kuat lalajangan.
(Sideku
hareupeun Masyitoh). Nyai akang
sumpah, lamun nyai bisa jadi Masyitoh, akang oge rek diajar jadi OBED.
Akang
oge sarua we hayang rarabi kalayan hirup nu tenang. Ulah ukur ngalajur nafsu,
ngudag-ngudag dunya teu halal.
Hidup
Masyitoh….. Hidup Masyitoh….
Hayu
urang gempur Firaun…..
Hayu
urang gempur Firaun…..
|
KABEH
SAPASANG- SAPASANG LEUMPANG BARIS DANGAH GAGAH. TOROJOL JURU TULIS DATANG,
LANGSUNG NGAGABUNG NGILU BARIS.
JURU TULIS
|
|
Kuring
titadi ngintip. Kuring oge hayang milu. Keun we jodo mah engke ditukang….
Sugan aya nu nuturkeun.
|
ADEGAN 6
RAJA
FIRAUN DIBAGUDED KU TAMBANG DINA KORSINA. DIARAK BARI ADUG LAJER
FIRAUN
PANGAWAL I
PANGAWAL IV
|
:
|
Ampun,,
ulah dibeuleum. Ayeuna oge geus karasa panas naraka. Ampun ulah dibeuleum.
Hayang tobat, leupas tina siksa naraka!!
Heug,,
rek kumaha??
Rek
biluk,, malik bela ka Masyitoh??
|
MASYITOH
NGARENGHAP BUNGAH. TULUY NYAMPEURKEUN KA PARA
PANGAWAL.
MASYITOH I
PANGAWAL I
MASYITOH II
MASYITOH III
MASYITOH IV
MASYITOH I
PARA PANGAWAL
MASYITOH I
PANGAWAL I
MASYITOH I
PANGAWAL II
MASYITOH II
SAREREA
|
|
Yeuh
para pangawal,, dangukeun. Kami oge awewe normal. Hayang boga salaki. Kabita
ku banda.
Tah…tah…
geuning
Ke
heula ulah waka purunyus.
Lamun
akang tos leres-leres kapalang bogoh. Mangga teh teuing….
Kuring
oge hayang boga salaki. Tapi hayang jiga OBED garwana Masyitoh jaman di Mesir
baheula. Lalaki soleh, makasaban anak pamajikan ku banda nu halal. Anu bela
ka agama wani ngalawan kamungkaran.
Tah
kitu kumaha? Ieu tanjakan teh tiasa moal dilaksanakeun? Upami kersa, hayu
urang gempur Firaun. Rengse eta, nembe kami kersa dicangcang.
PANGAWAL
SILIH TEUTEUP
Beuleum
Firaun!!!
Beuleum
Firaun!!!
FIRAUN
DIARAK DEUI. MASYITOH I MEGAT.
Stop…..stop….ulah
dibeuleum
Har
ari nyai….kumaha ieu teh.
Lamun
aranjeun rek ngahukum Firaun karana dendam. Kami moal daek dikawin.
Har
ari nyai, kapan manehna teh baheula kungsi meuleum nyai.
Urang
teu meunang maen hakim sorangan. Anggur hayu urang bawa Firaun ka kantor
pangadilan.
Hayu…..hayuuuu….hayu….
|
SORA
TATABEUHAN MUNI DEUI JIGA BUBUKA ADEGAN TIHEULA NEUPI KA PARA
PAMAEN KALUAR PANGGUNG.
TAMAT
Tidak ada komentar:
Posting Komentar