SODING JADI ARTIS
Penulis Naskah
: Yoyo Casmita S.Pd
Para
Pamaen
Soding : jelema kedul, beuki heureuy,
nyaritana ceplas-ceplos
Oneng : sabar tapi goreng biwir
Abah : galak, matre
Ambu : celembeng, matre
Dama : jelema usilan, hayang nyaho
urusan batur
Uhe : hare-hare
Produser
Sutradara
Sinopsis: Di kampung pasisian nu tempatna anggang
jauh ka kota, hirup hiji kulawarga anu kacukupan, boga anak ngan hiji-hijina,
ngarana Oneng ngan boga salaki nu ngedul ngarana Soding, pagaweanana unggal poe
ngan ukur ngajentul tara daek barang gawe. Soding boga cita-cita hayang jadi
artis nu terkenal. Jeung mitohana tara akur, unggal panggih pasea wae, lantaran
mitohana sok nitah wae gawe jeung nyarekan mun Si Soding ngajentul. Hiji mangsa
Soding jeung Oneng pasea nepika si Soding ku mitohana diusir ti imahna. Si
Soding indit ti imah ka Kota rek nyobaan hirup di kota. Di kota si Soding
ngiluan audisi pikeun jadi bentang film, nuahirna manehna lulus tur jadi
bentang film nu terkenal.
Setting: Imah, walungan, jalan, tempat audisi
jeung lembur.
ADEGAN
I
Dihiji anu
walurat di pileumburan. Soding jeung pamajikanana Oneng keur gunem catur
ngenaan masalah kahirupaana anu taya parobahan ari Soding jelema pangangguran
teu boga gawe amalah ka telah jelema ngedul dahar oge di paraban ku pamajikan
dina hiji poe isuk-isuk Soding jeung Oneng keur ngobrol pacental-cental!
Soding
|
:
|
Hirup teh taya robahna gening, kieu
jeung kieu we lieur aing mah.
|
Oneng
|
:
|
Nya heueuh moal robah ari ukur di
jentulan mah,najan sapoe jeput oge dasar jelema kedul ka beus ukur ngajentul
|
Soding
|
:
|
Ahh! Sok ngabibingung ari taeun teh, oneng!
|
Oneng
|
:
|
Alah alah ngabingungkeun naon ari kami?
|
Soding
|
:
|
Nya ngabingung keun oneng kan kami keur
mikir ieu teh
|
Oneng
|
:
|
Itu geura kalah nembalan,eta mah lain
mikir tapi nangkeup tuur Soding siah
|
Soding
|
:
|
Gandeng siah ngaganggu anu keur neangan
inspirasi bae nyaneh mah
|
Oneng
|
:
|
Heueuh da kami teh rek nyatu ku
inspirasi. Lamun kami teu ti susut ti dungdung buburuh jeung diparaban ku
kolot, geus moal ngahuap aing teh Soding.
|
Soding
|
:
|
Ari ngahuap mah kari am we atuh, naon
hesena, na kudu dihuapan ku kami kitu???
|
Oneng
|
:
|
Heueuh ari dipikir mah, kaduhung kami
make daek dikawin kunu ngarana Soding teh, nanya-nanya rek disangsarakeun
mah.
|
Soding
|
Komo, kami ge kaduhung pisan boga
pamajikan kanu namina Oneng teh, pami bade goreng biwir mah, moal tulus.
(bari ngalelewean)
|
|
Oneng
|
Mengges siah ngan nembalan wae, indit
siah bisi dibabuk ku aing (bari nyeupeung suluh bebekan)
|
|
Soding
|
Sok babuk (bari ngalelewean, manyun) ari
salira hoyong doraka ti caroge , hoyong lebet naraka sun!
|
|
Oneng
|
Mun dek ge sia nu doraka ti kami, batan
doraka mah malah pahala.
|
|
Soding
|
Mangga (bari indit) bade milarian ide di
walungan.
|
|
Oneng
|
Dasar jelema burung, tibaheula teu
euih-euih, dasar lebokeun tetelo.
|
|
ADEGAN II
Di walungan Soding ngajentul deui, bari
nangkeup tuur di harudung sarung. Barang keur jongjon ngalamun, jol Uhe jeung
dama manggul pacul rek indit ka sawah
|
||
Dama
|
Euleuh-euleuh itu saha He nu diharudum
ku sarung
|
|
Uhe
|
Mana ari ilaing?
|
|
Dama
|
Itu dina luhur batu sisi walungan
|
|
Uhe
|
Heueuh,, saha nya??
|
|
Dama
|
Lamun nyaho mah kami moal nanya ka
maneh!
|
|
Uhe
|
Menggeus, mending ge urang sampeurkeun,
ngarah jelas, bisi jalma nu linglung atawa jalma jahat.
|
|
Dama
|
Bener He sugan we lain jelema owah,
|
|
Uhe
|
Punten ki sanak (bari dodongkoan, nuju
naon sun??
|
|
Soding
|
Keur neangan wangsit (bari teu ngalieuk)
|
|
Dama
|
Wangsit naon sun??
|
|
Soding
|
Wangsit keur neangan harta karun!
|
|
Uhe
|
Ari salira teh saha??
|
|
Soding
|
Kuring Soding
|
|
Dama
|
Dasar pikasebeleun, lain ngomong
titatadi, hanas kuring jeung Uhe dodongkoan siah
|
|
Soding
|
Nya atuh bae da teu matak rugi ngahormat
ka kami euy??
|
|
Uhe
|
Atah adol siah, rugi mah henteu, ngan
beurang we kami ka sawah, gara-gara maneh Soding.
|
|
Soding
|
Har gara-gara uing kitu?? Da kami mah
teu nitah maraneh, hoyah
|
|
Dama
|
Meungges, beurang, moal aya tungtungna
ngomong jeung nu burung mah He,
|
|
Soding
|
GagAbah siah nyebut kami nu gelo,
maraneh nu burung mah, make baju butut mawa pacul, eta ciri nu burung (bari
nunjuk)
|
|
Uhe
|
Kami mah jelas rek gadag di sawah, Soding!
|
|
Soding
|
Kuring sarua rugi ku maraneh, inspirasi
kuring jadi leungit, hese tah ide teh rek balik deui,
|
|
Dama
|
Suhe!! Hayu moal meunang ka karo-karo
gelo ah. (duanana ngaleos bari mawa hate ngagendok rasa kaduhung make nanya,
si Soding terus cineluk deui nepi ka burung, bari angger diharung ku sarung,
kira-kira ba’da lohor Soding balik ka imah, ti luar keneh geus jojorowokan ka
Nyi Oneng
|
|
ADEGAN III
|
||
Soding
|
Neng…… Oneng buka panto, papagkeun ieu
kami., nu balik usaha, ayeuna mah sok geura sadiakeun dahareun nu ngareunah.
|
|
Oneng
|
Dasar nu
burung, kalah jojorowokan, teu gableug kakenyos ku batur sia teh
Soding.
|
|
Soding
|
(gagaro bari memeneur kopeah kucelna)
Kalah nyebut burung, lain nyadiakeun cai mah,
teu kopi oge, cai herang anu tiis, sangu haneut jeung lauk asin,
sambel ledok dicoel ku jengkol ngora, komo goreng hayam mah, pedo meureun
balik cape kieu mah!!!!
|
|
Oneng
|
(bangkenu asa dilelewean) boro-boro
nyayogian nu balik ngablu, dina ayana ge teu deuk teuing ngawulaan jelema
edan,,, sangeuk!!!
|
|
Soding
|
Sawios teu aya mah! Sangu poe ge ngeunah
jeung sambel we rencangna mah sun!!
|
|
Oneng
|
Aeh-aeh disabaran teh kalah ngahanakeun,
abong-abong jelema burung, geumbleu, teu mikir, teu neuleu aing teh cape Soding???
|
|
Soding
|
Nya sarua atuh nyai,, akang ge cape tos
neangan ide,, hehehe leuwih cape ti maneh Oneng! Hayang inspirasi teh
pagawean teu enteng.
|
|
Oneng
|
Inspirasi ngajentul, ciga nu ngajubleg,
tara gadag, dahar we tah inspirasi pasti seubeuh!
|
|
Soding
|
Da inspirasi mah teu beunang di dahar,
tapi dipikiran.
|
|
Oneng
|
Naha lain gadag atuh,, nu kitu mah lain
dahar kejo tapi kenteng jeung jukut.
|
|
Soding
|
Ari maneh Oneng, salaki disaruakeun
jeung kuda lumping, make jeung kudu ngadahar jukut jeung kenteng , sakalian
beuling, jarum, jeung silet bawa kadieu
|
|
Oneng
|
Rek didahar ku maneh?
|
|
Soding
|
Nya moal atuh, simpen we, ayena mah
dahar sangu heula.
|
|
Oneng
|
Euweuh,, yeuh bebekan we dahar ku sia,
raos gera yeuh (bari digamplengkeun ka si Soding)
|
|
Soding
|
Nyeuri,,, aduh nyeuri Oneng.. maneh
hayang ditampiling ku aing Oneng?? (bari nyepeungan suku peperengkelan)
|
|
Oneng
|
Kop tampiling (bari ngasongkeun beungeut),
da boga pamajikan teh rek direunceuman ku paneunggeul, lain ku emas sia
mah!!!
|
|
Soding
|
(gampleng we oneng dicabok) teu beunang
disabaran atuh!!
|
|
Oneng
|
(hing ceurik jeujeuritan, baru sungutna
teu repeh nyarekan) dasar jelema burung, edan, gelo!!
|
|
Datang Abah jeung Ambu, nyampeurkeun
Soneng jeung Soding,, reuwas aya nu jejeritan kwas anu keur disiksa, barang
tepi, aba jeung Ambu ngajenghok ningali anakna keur ceurik bari nyepengan
pipi.
|
||
Abah
|
Aya Naon ieu teh??
|
|
Soding
|
Eh, Abah, Ambu, teu aya nanaon, ieu nuju
latihan sandiwara kuring mah jeung pamajikan.
|
|
Oneng
|
Lain Abah-Ambu, kuring dicabok ku jelema
burung!!
|
|
Abah
|
Aeh-aeh,, na meni sasangkleng atuh maneh
teh Soding, kuat ka hejo kitu beungeutna.
|
|
Ambu
|
Beut ku indung-bapana ge tara disiksa
ciga kitu,, na ari sia Soding meni wawanian kitu ka anak kami??
|
|
Soding
|
Teu dikahaja Abah, Ambu , pirage
diusapan! Ngan katanagaan saeutik!!
|
|
Oneng
|
(bari terus nginghak) Bohong, puguh
ditampiling ku si atah adol tah pipi kuring!
|
|
Soding
|
Har apanan kami dititah nampiling ku
maneh, Oneng!!
|
|
Abah
|
Menggeus,,, kalah asa ditabeuh, era ku
tatangga, didenge-denge teh ngan ribut we, teu isuk, teu beurang, sore,
peuting, siga ucing jeung anjing.
|
|
Ambu
|
Dasar jelema burung,, teu gableg
kakenyos,, lain dipangusahakeun pamajikan teh, kalah dikakaya, teu suka aing
mah Soding!!
|
|
Soding
|
Kuring balik usaha, ieu kalah nyarekan,
jadi pusing kuring teh!!
|
|
Oneng
|
Usaha naon ari maneh Soding? Saumur
rumah tangga can pernah kami dipangbedugkeun, acan siah!! Ngadon hayang
sarena hungkul sia mah!!
|
|
Abah
|
Meunggeus,,, ti detik ieu, menit ieu,
jam ieu, poe ieu, minggu ieu,, bulan ieu, taun ieu,, serahkeun si Soneng,
aing teu sudi gableg minantu siga sia,, dasar pangedulan,, jug sia indit ti
dieu,, aing geus teu sudi neuleu beungeut sia,,
|
|
Soding
|
Bah ayeuna inditna???
|
|
Abah
|
Taun hareup siah!!! Nya ayena atuh,,
dasar minantu ucut burung,,,
|
|
Soding
|
Heug atuh,, Abah Ambu hampura kuring
salila ieu kuring teu bisa nyenangkeun anak Abah,, Oneng akang rek indit,,
hampura nya akang Oneng
|
|
Abah-Ambu
|
Jor wae,, teu melang teu nineung!!
|
|
Soding indit ka luar ti imah mawa gembolan bari bingung
teuing rek kamana,, Oneng sedih nenjo salakina indit ninggalkeun manehna,,
|
||
ADEGAN IV
Sabadana Soding indit ti imah,, Soding
terus leumpang teu puguh tujuan,,
|
||
Dama
|
Rek kamana maneh Soding, meni
beberengkes kitu,, pundung euy???
|
|
Uhe
|
Wah meureun ma,, si Soding geus meunang
wangsitna,,
|
|
Soding
|
Kumaha kuring we, rek pundung,, rek
indit ge!! Ngilu ateul teuing siah!!
|
|
Uhe+ Dama
|
(ngalelewean) pundung mah pundung we
atuh,, loba alesan teuing
|
|
Soding
|
Dasar jelema,, hayang ngilu campur wae
kana urusan batur,, ah kuring mah rek ka kota ayena mah,, sugan we di kota
mah jadi jelema!!!
|
|
Soding indit ninggalkeun tatanggana nu
duaan,, di tengah jalan Soding manggihan kertas nu eusina yen aya audisi jadi
pamaen Film layar lebar
|
||
Soding
|
Kertas naon ieu teh? (terus dialak ilik
bari dibaca)
Dicari laki-laki atau perempuan, usia
dari 17-40 taun untuk menjadi bintang film, status Single atau sudah doble, s
“………..”
Tah ieu kasempetan kuring keur
ngembangkeun bakat kuring,, sugan we bisa jadi bentang film nu terkenal, siga
Anang nu geus cerei jeung KD ge jadi tambah ngetop.
|
|
Soding tepi di kota, terus manehna
ngiluan audisi keur jadi bintang film. Ditempat audisi manehna panggih jeung
para kontestan nu rek ngilu audisi,,
|
||
ADEGAN V
Nyaritakeun situasi di tempat
audisi,, tepi ka si Soding jadi
bintang film nu terkenal.
|
||
ADEGAN VI
Dina hiji mangsa si Soding rek Sooting
film di hiji kampung,, manehna indit jeung produser pikeun survei lokasi
sooting,,
|
||
Produser
|
Hallo, ini dengan mas Duda Harlinu,,,
Bagaimana klo hari ini kita berangkat
survei lokasi untuk sooting film “,,,,,,”
yang akan kita garap,, oke klo gitu nanti saya jemput ke rumah anda,,
Sampai ketemu nanti ya!!
|
|
Produser, duda, sutradara jeung sabagian
kru, nepi ka kampung si Soding nu baheula bari ningalian lokasi keur sooting
film.
|
||
Sutradara
|
Gimana pa pruduser apakah lokasi ini
cocok untuk film yang akan kita garap
|
|
Produser
|
Wah,, bagus sekali nich,, cocok, kayanya
film kita akan sukses kembali, apalagi dibintangi oleh mas Duda sebagai peran
utamanya.
|
|
Dama
|
Alah ari itu aya naon, loba jelema
gararinding (bari nyampeurkeun kanu keur ngilikan tempat sooting tea,
Woy urang lembur,, aya Duda Harlinu, rek
sooting didieu. kararumpumpul
|
|
Urang lembur rabul nyampeurkeun ka dama
nu keur gogorowokan di lokasi si Duda jeung nulaina, urang lembur atoh
panggih jeung bintang film, maranehna sibuk marenta difoto jeung tanda tangan,
Oneng Abah jeung Ambu kabeuneuran ngaliwat balik ti sawah, barang nempo loba
jelema nu keur ngarariung tiluanana nyampeurkeun kanu loba jelema.
|
||
Oneng
|
Ari itu aya naon Abah, Ambu??
|
|
Abah
|
Teuing atuh oneng,, hayu atuh urang
sampeurkeun, bisi aya nu cilaka!
|
|
Ambu
|
Hayu atuh Abah, Oneng urang ka ditu, Ambu
mah panasaran. (barang nepi kana riungan, Oneng ngajenghok asa wawuh ka eta
bintang film anu keur dirariung)
|
|
Oneng
|
Abah, Ambu asa wawuh nya ka bentang film
anu ti dayeuh teh!
|
|
Abah
|
Nya heueuh atuh da manehna mah terkenal,
ah Abah jeung Ambu hayang menta menta tanda tangan jeung difoto bareng
bentang film, sugan we Abah jeung Ambu ge ngilu terkenal (Abah jeung Ambu
ngajakan oneng maju ka hareup)
|
|
Abah
|
Punteun cep, klo bisa Abah mau minta
tanda tangan lah!
|
|
Ambu
|
Klo Ambu mah Ncep mau difoto bareng.
|
|
Soding(Duda)
|
Oke Pa, Bu, semuanya yang mau tanda
tangan plus poto silahkan
|
|
Oneng
|
Ah oneng mah panasaran ka eta jelema,,
asa wawuh,, tapi sahaa nya?? (bari ngadeukeutan, tuluy ngajorowok)
Kang Soding nya?? Bener moal salah, ieu
Oneng kang,, Oneng teh tos kangen ka akang, ari akang kamana wae? Meni tega
ninggalkeun Oneng.
|
|
Soding(Duda)
|
Siapa ya? ( bari muka kaca mata
hideungna)
|
|
Oneng
|
Ieu Oneng kang, pamajikan akang tea!
|
|
Soding(Duda)
|
Oneng….
Ieu teh bener Oneng?? (nyampeurkeun bari
ngagabrug)
|
|
Oneng
|
Nya akang, ini teh Oneng!
(sarerea ngajenghok barang ngadenge yen
bentang film eta teh si Soding)
|
|
Soding(Duda)
|
Tingali Oneng, akang ayena mah geus jadi bentang film, moal diusir deui ku
Abah. Ayena mah akang geu jadi orang kaya, terkenal.
(Abah jeung Ambu silih pelong bari semu
era jeung teu percaya)
|
|
Abah
|
Ambu bener eta teh si Soding minantu
urang tea?
|
|
Ambu
|
Duka teuing atuh Abah, da ieu beresih,
kasep, da minantu urang mah si Soding mah kuleuheu!
|
|
Oneng
|
Abah, Ambu ieu teh kang Soding tea mantu
Abah nu diusir ku Abah jeung Ambu.
|
|
Soding
|
Betul Abah, sekarang mah Abah dan Ambu
tidak akan berani lagi nyarekan saya!
|
|
Abah+Ambu
|
Nya atuh, maafkan saja Abah jeung Ambu,
Cep Soding. Karena Abah jeung Ambu sudah ngusir Ncep. Sekarang mah Abah jeung
Ambu satuju Oneng jeung Ncep ngahiji lagi! Pokonya segala yang Ncep mau akan Abah
turuti.
|
|
Soding
|
Bener Abah??
|
|
Abah+Ambu
|
Bener Ncep! Abah akan nurut sekarang
mah, tidak akan marah lagi.
|
|
Soding
|
Nah klo Abah mau saya maafkan, sekarang Abah
harus gendong saya sampai ke rumah, gimana Abah, mau tidak?
|
|
Abah
|
Dasar minantu rada gelo, tibaheula nepi
ka ayeuna teh teu euih-euih,
|
|
Soding
|
Abah mau saya maafkan atau tidak?
|
|
Ambu
|
Sok-sok atuh Abah gendong, pirage ngakod
da moal cape.
|
|
Abah
|
Ya sudah Ncep, ayo Abah gendong
|
|
Soding
|
Asik saya digendong sama Abah. Sok bah
jalan
|
|
Pamaen kabeh kaluar Layar ditutup, lampu
pareum.
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar