Pajaratan
Cinta
Karya DHIPA
GALUH PURBA
Adegan I
Wanci beurang di palataran nu éndah.
Di lebah dinya aya lobang nu mirip lobang kuburan. Arin jeung Jaka anjog. Arin
jeung Jaka saumur, kira 25-30 taunan. Barang srog anjog, aya hiji wanoja tengah
tuwuh nu nyurungkunung ti jero lobang bari nyikikik seuri, sarta ninggalkeun
éta patempatan. Arin ngagoak, ngagabrug Jaka.
JAKA
Teu kudu
sieun, Arin. Lantaran urang ogé bakal ngagebrus ka jero lobang…
ARIN
Naha urang
bet kudu kikieuanan sagala, Jaka? Naha taya jalan séjén keur nuntaskeunana?
JAKA
Aya. Malah
sakapeung mah kuring sok mikir, dimana salahna atuh urang silih pikacinta?
Kapan cinta téh anugrah ti Gusti nu kudu dipupusti. Datangna cinta tara pipilih
mangsa, tara ngawilah-wilah kaayaan..
ARIN
Tapi dina
kaayaan siga ayeuna, cinta urang téh salah kabina-bina.
JAKA
Cinta mah
teu salah, Arin. Di lebah mana salahna cinta? Nu salah mah anjeun. Naha anjeun
kalah kawin ka batur? Ari anjeun téh micinta salaki anjeun?
ARIN
Jaka, 10
taun urang paturay. Anjeun leungit laratan, teu kungsi némbongan. Anjeun kudu
nyaho, salila éta, kuring téh sabenerna nganti-nganti kadatangan anjeun… Tapi
asa teu penting ngamasalahkeun perkara nu geus kaliwat. Ayeuna mah: urang rék
kumaha ka hareupna?
JAKA
Kumaha anjeun baé. Naha rék siga
Rahwana nu nyulik Shinta, atawa siga Prabu Geusan Ulun ngarebut Praméswari
Harisbaya.
ARIN
Rahwana teu
bisa meruhkeun Shinta…Cinta Shinta tetep ukur keur Rama. Lalakon kuring teu
siga Shinta…
JAKA
Tapi Geusan
Ulun mah bisa nyandingkeun Harisbaya…
ARIN
Bener, ngan…
naha anjeun geus itung-itungan nyanghareupan perang campuhna? Anjeun bakal
palagan ngalawan salaki kuring, kulawargana, kulawarga kuring, sarta anak
kuring… naha anjeun siap ngayonanna, Jaka?
JAKA
Lain siap
atawa henteu siap. Pasualanna téga jeung henteu téga. Cinta mémang butuh
pangorbanan. Tapi… lain kudu ngorbankeun jalma-jalma nu teu tuah, teu dosa.
Jalma-jalma nu salila ieu kalintang micinta anjeun.
ARIN
Jadi….?
JAKA
Kuring anu
kudu ngéléhan. Kuring nu kudu ngaleupaskeun anjeun… susuganan ku cara kieu
anjeun bisa pinanggih jeung bagja…
ARIN
Jaka, naha
bener cinta téh mimitina datang tina panon?
JAKA
Bener.
ARIN
Lamun kitu
mah kuring moal ningali deui anjeun.
JAKA
Sok, pecakan
peureum, ngarah kuring leungit tina paningali anjeun.
Arin peureum. Teu lila nginghak
ceurik, nepi ka merebey cipanon.
ARIN
Geuning
kalah leuwih jelas ningali anjeun, Jaka….
JAKA
Geus, Arin,
teu kudu ceurik. Matak kuring ngajak kadieu ogé, kuring rék nyiar tarékah.
Susuganan ieu pisan jalan anu panghadéna pikeun urang.
ARIN
Jalan
panghadéna? Kumaha maksud anjeun téh, Jaka?
JAKA
Ieu lobang
téh ngaranna Pajaratan Cinta. Can pati loba nu nyarahoeun ka ieu patempatan.
ARIN
Pajaratan
Cinta?
JAKA
Enya,
Pajaratan Cinta, tempat ngurebkeun cinta. Ceuk dongéngna mah, anu nyieun
Pajaratan Cinta téh ngaranna Pohaci Rababu, nu hirup dina jaman karajaan Galuh.
ARIN
Naon
alesanna Pohaci Rababu bet nyieun Pajaratan Cinta?
JAKA
Lantaran…
sanggeusna Rababu kawin ka Sempakwaja, manéhna kungsi salingkuh jeung
Mandiminyak. Rababu kaduhung. Rababu sadar kana kasalahanana. Anu antukna
Rababu nyieun lobang di dieu, pikeun ngurebkeun cintana ka Mandiminyak sigana
mah…
ARIN
Jadi, lamun
urang asup ka Pajaratan Cinta, hartina cinta urang bakal musna?
JAKA
Urang cobaan
wé. Sabab, béjana mah sing saha nu hayang ngurebkeun cinta, tinggal asup kana
lobang Pajaratan Cinta….
Arin jeung Jaka asup ka jero lobang.
Saméméh laput, Arin ngahuleng, tuluy neuteup Jaka. Sakedapan silih teuteup.
ARIN
Jaka, basa
Pohaci Rababu salingkuh jeung Mandiminyak… naha aya sambungan caritana?
JAKA
Naon maksud
anjeun? Sambungan carita siga kumaha maksudna?
ARIN
Maksud téh….
Nepi ka kumaha salingkuhna Rababu?
JAKA
Oh…. Kadinya
maksud anjeun téh. Lamun anjeun hayang nyaho, balukarna salingkuh jeung
Mandiminyak, Rababu nepi ka ngandeg. Saterusna boga budak nu dingaranan
Bratasena. Lalakonna panjang kénéh. Brataséna boga turunan nu dingaranan
Sanjaya.
ARIN
Sanjaya? Mun teu salah, anjeun
kungsi nyaritakeun kumaha hébatna tokoh nu ngaran Sanjaya dina jaman karajaan
Galuh. Anjeun kalintang mikagum tokoh Sanjaya. Malah… anjeun kungsi nyarita,
lamun hiji mangsa diparengkeun boga budak lalaki, bakal dingaranan Sanjaya.
JAKA
Enya, bener.
Lamun kuring boga budak ti anjeun, bakal dingaranan Sanjaya.
ARIN
Jaka, apan Mandiminyak ogé henteu
kawin ka Pohaci Rababu, tapi geuning manéhna bisa boga turunan ti Pohaci
Rababu.
JAKA
Kuring lain
Mandiminyak, Arin! Jeung sabenerna, Mandiminyak mah henteu micinta Rababu.
Mandiminyak ukur ngalajur napsu. Cinta kuring ka anjeun, henteu siga
Mandiminyak ka Rababu. Kuring mikanyaah anjeun, mikadeudeuh anjeun, teu boga
niat ngageugeuleuh diri anjeun.
ARIN
Jaka….
JAKA
Arin, hayu
urang kurebkeun cinta urang…
Jaka jeung Arin asup ka jero lobang
nepi ka laput. Lampu pareum.
Adegan II
Wanci peuting. Arin hanjat ti jero
lobang bari ngahinghing ceurik. Tuluy ninggalkeun éta patempatan. Teu lila,
Jaka ogé hanjat ti jero lobang.
JAKA
Arin…!
Ariiin…! Ariiin…!
Jaka ngulibek néangan Arin tug nepi
ka ngalempréh.
JAKA
Ariin… (ngahariring sempalan lagu “Sempurna”)….janganlah
kau tinggalkan diriku, tak kan mampu menghadapi semua, hanya bersamamu ku akan
bisa…
Kadéngé aya sora anjing babaung.
JAKA
Gandéng lah,
anjing, teu kudu babaung sagala. Nu dikurebkeun mah ukur cintana, lain jalmana…
Anjing ngagogog harus pisan. Jaka ngaranjug, awahing ku
reuwas, langsung luncat ngagebruskeun manéh ka jero lobang.
JAKA
(di
jero lobang, nuluykeun haharingan lagu “Sempurna”) kau adalah darahku, kau
adalah jantungku, kau adalah hidupku, lengkapi diriku, oh sayang engkau begitu
sempurna….
Ronghéap, datang Arin nu salin jinis
jadi Pohaci Rababu
RABABU
Angin
tingtrim nu ngadalingding nyanding kasimpé peuting, pangnyingraykeun
aling-aling nu mindingan éling. Purnama nu murubmubyar mancerkeun cahya gilang
gumilang, panggeuingkeun hiji jajaka asmana Jaka…
Jaka hanjat ti jero lobang. Tuluy
mencrong Rababu dibarung rasa kahémeng.
JAKA
Arin?!
RABABU
Caang bulan
narawangan, teuteup anjeun masih kénéh taya lilinggeran. Anjeun tetep nuturkeun
geterna rasa, ngayunkeun rupaning haréwos dada. Antukna beureum hideungna
carita kahirupan nu saméméhna anggang tina sawangan, kiwari pagaliwota meulitan
raga. Gumulung raga disurakan sétan, haroshosna sora, kebek kadurjanaan. Geus
peupeus eunteung pamuka rasa anjeun. Geura gebraykeun paneuteup anjeun, buka
mata jiwa, beunta mata soca. Purnama ukur éndah disawang ti kaanggangan.
Sakapeung cinta ngalolongkeun mata jiwa jeung mata panon. Sakur nu kasawang
ukur manéhna. Ningali béntang siga Arin. Ningali langit siga Arin. Ningali kula
ogé siga Arin…
JAKA
Lamun anjeun
lain Arin, saha atuh anjeun téh?
RABABU
Najan taya kecap nu kedal, najan
taya rindat nu natrat, kasatiaan bakal karampa na pungkas carita. Teuing geus
sabaraha kali anjeun ngajejeléh kula, majar kula kungsi rucah jeung Si
Mandiminyak.
JAKA
Pohaci Rababu? Anjeun téh Nyai
Rababu téa? Ah, piraku
teuing? Ngimpi meureun ieu mah…
RABABU
Antara
impian jeung kanyataan ukur diwatesan ku lalangsé éling. Angin leutik ngadalingding, ngaguar mangsa lungkawing, mawa
nyérédét kana rasa nu rungsing.
JAKA
Naon maksud
anjeun nepungan kuring, Nyai Rababu?
RABABU
Anjeun nunggeulis dina gerotna kahirupan.
Padahal unggal léngkah, léngkah anjeun. Unggal rénghap, unggal kecap, saéstuna
ukur kahayang anjeun sorangan. Anjeun teu nyaho pangbalikan. Anjeun kasarung.
Anjeun kalarung. Taya gunana anjeun humarurung ngumbar kabingung. Sakalina
anjeun ngurebkeun cinta di Pajaratan Cinta, mangka saéstuna anjeun ngurebkeun
sagala rupana. Asih pasini baris lugay na kembang samoja, taneuh beureum papaés
nu hamo sirna…
JAKA
Kuring teu ngarti kana caritaan
anjeun, Nyai Rababu. Tapi geus jadi tékad kuring, moal incah balilahan ti
Pajaratan Cinta saméméh cinta kuring ka Arin bener-bener sirna…
RABABU
Asih
munggaran dina carita katresna, muga henteu dipungkas ku keclakna cimata.
Katresna anjeun, katresna Arin datangna deui dina mangsa nu salah. Geus leuir
kacida. Mending geura sorang ku anjeun carita anu baris datang. Anjeun bakal
nyorang bagja dina ranggeuman réma-réma anjeun. Anjeun bakal manggih bungah
dina seuseup deudeuh. Tuh, teuteup ka hareup ku anjeun… sapanjang léngkah
pikahareupeun, pinuh jukut ngémploh héjo, ngembat lir alketip buludru, nu bakal
nilaman suku tina cucuk ruhit. Anjeun bakal nyaksi katumbiri anu melengkung di
langit cangra, nu mayungan katresna, nu ngaraketkeun duriat, beureum, héjo,
konéng, gandola, murub mubyar nyawér tali asih…
JAKA
Kuring moal manggih kabagjaan lamun
teu ngahiji jeung Arin. Sakali Arin, salawasna bakal tetep Arin. Cinta kuring
ukur keur Arin. Anjeun ulah myapirakeun cinta munggaran. Cinta nu dianyam ti
jaman keur nyuprih pangarti di sakolaan, mibanda kakuatan nu rohaka.
RABABU
Cinta
nurutkeun anjeun ukur manjang lana sapanjang tacan datang cinta nu hiji deui.
Tangkeup geugeut anjeun saukur mawa ngapung ngawang-ngawang, nobros
hahalang dunya nu mémang kacirina caang baranang. Hanjakal, béntang nu
tinggurilap, bulan anu narawangan alam, ukur mawa nyimpang ka sawarga dunya, nu
bakal méré siksa dina poé panungtungan…
JAKA
Basa keur
sakola, kuring sabangku jeung Arin. Ka mamana babarengan, tug nepi ka kedal
jangji pikeun ngahiji. Sakali deui, ulah nyapirakeun hiji cinta jaman sakola…
RABABU
(bari malikeun awakna, rék ninggalkeun Jaka) Kuriling uring-uringan, nokér jalan rumpil kahirupan,
tanwadé wates singkur kabunian. Gudawang raheut nu kasorang, hamo kaubaran.
Galengan leutik nyiripit, ngapit jarami tangtungan dina usum paceklik, mawa
kapeurih dina haté anu ruhit. Kula amit…
Pohaci Rababu ngaléngkah ninggalkeun
éta patempatan, tapi ngarandeg lantaran Jaka ngageroan.
JAKA
Nyai
Rababu…ari anjeun bogoh ka Mandiminyak?
RABABU
Ukur sakédét nétra lalakon anu
karandapan, ninggalkeun gurat-gurat kapeurih nu taya papadana. Papadon los
kakolong, gingsir tina panaksir, sulaya tina panyangka, horéng asihna ngan
pupulasan. Pegat kamelang, asih geus pungkas. Saéstuna kula kawisaya ku Si
Mandiminyak. Sakali deui, kula kawisaya. Kilang kitu, kacinta kula ka Brataséna
taya hinggana. Brataséna anak kula, nu teu tuah, teu dosa.
Rababu ninggalkeun éta patempatan.
Jaka ngahuleng hareupeun lobang.
O.S.
SANGKURIANG
Sumbi….!
Sumbiii…!
Sangkuriang ngaronghéap datang.
SANGKURIANG
Kisanak, ari andika ningali awéwé
geulis ngaliwat kadieu?
JAKA
Ningali,
malah bieu ngawangkong didieu.
SANGKURIANG
Ayeuna
kamana?
JAKA
Indit ka
beulah ditu.
Sangkuriang lumpat ka lebah nu
dituduhkeun ku Jaka. Teu lila, Sangkuriang balik deui.
SANGKURIANG
Euweuh geuning, Kisanak. Aéh, ari
bieu ngawangkong naon baé? Naha manéhna ngobrolkeun kuring?
JAKA
Mémangna
saha ngaran anjeun téh?
SANGKURIANG
Piraku
andika teu wawuh ka kuring. Apan kuring téh sinatria nu geus kaceluk ka kadang
éwu, kakoncara ka janapria. Ngaran kuring Sangkuriang téa…
JAKA
Sangkuriang?
SANGKURIANG
Teu salah,
kuring pisan Sangkuriang. Pasti awéwé geulis nu bieu ngomongkeun kuring nya?
JAKA
Asa henteu
nyaritakeun ngaran anjeun.
SANGKURIANG
Ngomongkeun
saha atuh?
JAKA
Ukur nyebut
ngaran Mandiminyak jeung Brataséna …
SANGKURIANG
Piraku
teuing teu nyebut ngaran kuring, Kisanak? Asa kakara ngadéngé ngaran
mandiminyak atawa Brataséna. Jawara ti mana maranéhna téh? Boa-boa nu bogoheun
ka Dayangsumbi.
JAKA
Dayangsumbi?
Asa beuki jangar kieu.
SANGKURIANG
Andika teu
kudu jangar sagala. Ayeuna mah kari jawab, saha ngaran awéwé nu bieu
ngawangong jeung andika?
JAKA
Pohaci
Rababu…
SANGKURIANG
Pohaci
Rababu? Hartina andika ngabohong ka kuring. Ceuk andika, bieu andika
ngawangkong jeung awéwé geulis… tapi geuning ngaranna Pohaci Rababu.
JAKA
Lebah mana
kuring bohongna? Mémang Pohaci Rababu téh kalintang camperenik geulis…
SANGKURIANG
Ah, rahul
pisan andika mah. Di ieu dunya, euweuh deui awéwé nu geulis kawanti-wanti,
kajaba Dayangsumbi.
JAKA
Béda panon,
béda cara ningali…
SANGKURIANG
Ceuk sasaha
ogé Dayangsumbi panggeulisna mah. Awas mun andika nyebut Rababu leuwih geulis
ti Dayangsumbi…
JAKA
Enya,
Dayangsumbi mémang geulis kawanti-wanti. Tapi moal bisa nandingan kageulisan
Arin…
SANGKURIANG
Arin? Asa
ahéng pisan ngaran téh. Sapanjang kuring kumelendang di alam dunya, tacan
kungsi manggihan jalma nu ngaranna Arin, boh awéwé, komo lalaki….
JAKA
Lamun anjeun
geus panggi jeung jinisna, pasti anjeun bakal percaya…
SANGKURIANG
Pamohalan,
Kisanak! Moal aya awéwé nu nandingan kageulisan Dayangsumbi…
Ronghéap Arin, nu salin jinis jadi
Dayangsumbi.
SANGKURIANG
Tah geuning,
anu ditéangan téh teu burung némbongan…
JAKA
Arin….?!
Jaka rék ngadeukeutan Dayangsumbi,
tapi ngarandeg lantaran disentak ku Sangkuriang.
SANGKURIANG
Héy… andika
ulah kumawani ngadeukeutan Dayangsumbi. Ulah sambat kaniaya lamun andika
paantel kulit jeung Dayangsumbi….
DAYANGSUMBI
Sangkuriang,
hidep téh anak kuring. Sing percaya ka kuring. Kuring mah indung hidep. Naon
kasebutna lamun anak jatukrami ka indungna sorangan? Geura éling, Sangkuriang…
SANGKURIANG
Teu kudu réa
alesan, Sumbi. Kuring téh cinta ka anjeun. Tuh, aya bulan dina panon anjeun.
Kasatiaan kuring bakal leuwih ti bulan. Kasatiaan kuring bakal leuwih tina
panon anjeun. Bulan tara némbongan unggal peuting, ari kuring mah bakal maturan
anjeun saban peutin. Panon anjeun tara beunta beurang-peuting. Ari kuring mah
bakal ngajaga anjeun salawasna….
JAKA
Jadi… anjeun
téh Dayangsumbi?
DAYANGSUMBI
Bener pisan, Kisanak. Ngahaja kuring
ngajugjug kadieu, hayang ngurebkeun rasa cinta kuring jeung cinta Sangkuriang. Lantaran,
apan anjeun apal sorangan, Sangkuriang téh anak kuring.
SANGKURIANG
Sakali deui,
kuring teu percaya lamun anjeun indung kuring…
DAYANGSUMBI
Kuring
indung hidep, sing percaya anaking… tuh aya ciri nu sayakti dina mastaka hidep.
JAKA
Mémang hésé
ngabuktikeunana ari saukur ningali ciri dina sirah mah. Lamun hayang leuwih
yakin jeung akurat, mending kénéh tés DNA.
SANGKURIANG
Andika ulah
kalah ngacapruk. Hayu, Sumbi… kuring téh deudeuh pisan ka anjeun.
DAYANGSUMBI
Teu beunang
dibéjaan geuning hidep téh. Lamun kitu carana, hayu urang asup ka jero lobang…
SANGKURANG
Ulah, Sumbi!
Ieu téh apan Pajaratan Cinta! Lamun anjeun asup ka dinya, hartina anjeun rék
ngubur rasa cinta…
DAYANGSUMBI
Enya, mémang
cinta urang kudu dikurebkeun didieu.
Dayangsumbi ngagajleng ka jero
lobang.
SANGKURIANG
Sumbi, ulah
kikituan! Hayu buru-buru hanjat deui!
DAYANGSUMBI
Hidep nu
kudu asup ka dieu, Sangkuriang… ngarah hidep henteu micinta indung sorangan.
SANGKURIANG
Moal! Anjeun
mah da lain indung kuring. Anjeun kudu jadi pamajikan kuring. Buru hanjat deui,
Sumbi! Kisanak, bantuan panghanjatkeun Dayangsumbi…
JAKA
Percumah, Sangkuriang. Sing saha anu ngasruk ka Pajaratan Cinta, hartina…
Percumah, Sangkuriang. Sing saha anu ngasruk ka Pajaratan Cinta, hartina…
SANGKURIANG
(bari nyurungkeun awak Jaka, nepi ka
Jaka tigebrus kana lobang) Lain percumah-percumah, bantuan panghajatkeun
Dayangsumbi!
Ti jero lobang, Jaka munggu
Dayangsumbi. Sangkuriang ngarawél leungeun Dayangsumbi nepi ka hanjat ti jero
lobang. Jaka hanjat sorangan.
DAYANGSUMBI
Sangkuriang,
hidep kudu asup ka jero lobang.
SANGKURIANG
Moal. Di ieu
dunya, kuring mah taya nu dipikasieun. Ukur hiji nu dipikasieun ku kuring,
nyaéta sieun kaleungitan anjeun, Sumbi.
Sakilat Dayangsumbi rék nyérédkeun
awak Sangkuriang sangkan tigebrus kana lobang. Tapi Sangkuriang ngagiwar, anu
antukna kalah Jaka nu kasurungkeun. Jaka tigebrus deui ka jero lobang.
DAYANGSUMBI
Lamun anjeun
keukeuh maksa… teu bisa kumaha deui.
SANGKURIANG
Anjeun daék
jadi pamajikan kuring?
DAYANGSUMBI
(unggeuk) Tapi aya
tanjakanna…
SANGKURIANG
Naon baé
saratna, tangtu ku kuring bakal diayonan. Sok, geura sebutkeun naon saratna,
Sumbi.
DAYANGSUMBI
Engké baé bakal dibéjakeun di imah. Hayu ayeuna
mah urang mulang…
SANGKURIANG
(Rék ngaléng
Dayangsumbi) Hayu, Sumbi…
DAYANGSUMBI
(Ngépéskeun
leungeun Sangkuriang) Jug, hidep leumpang tiheula.
SANGKURIANG
Anjeun nu kudu tiheula, bisi aya nu
ngaganggu anjeun.
Dayangsumbi jeung Sangkuriang
patutur-tutur ninggalkeun éta patempatan. Lampu pareum.
Adegan III
Wanci beurang. Roni datang bari
ngagukguk ceurik. Roni, hiji lalaki nu umurna antara 20-25 taun.
RONI
Harianeun
pisan… téga pisan anjeun cidra. Naha anjeun mani téga? Naha anjeun bet hianat?
Duh, tulungan uing! Cik atuh sing aya piwelasna, tulungan uing… tulungan
uing….!
Jaka hanjat ti jero lobang bari
gigisik. Roni langsung ngagabrug Jaka.
RONI
Tulungan
uing, Mang… tulungan uing….
JAKA
Enya, jep
heula atuh, ulah ceurik baé. Sok ayeuna mah geura caritakeun sing jéntré, aya
pasualan naon atuh silaing téh?
RONI
Nyeriii,
mang… nyeri pisan…
JAKA
Enya nyeri téh nyeri kumaha? Pok, geura caritakeun….
Enya nyeri téh nyeri kumaha? Pok, geura caritakeun….
RONI
Pamajikan
uing salingkuh, Mang… nyeri pisan. Nasib téh kieu-kieu teuing. Padahal kurang
kumaha uing téh? Kurang kumaha, Mang? Saban poé uing digawé dug hulu pet nyawa
ukur ngabélaan pamajikan. Naha atuh asih dipulang sengit… asih dipulang
sengit…harianeun… kejem… téga…
JAKA
Geus, ulah
katutuluyan, Jang. Matak kitu gé, pamajikan silaing téh sigana geus teu suka ka
silaing. Lamun geus teu suka, nya ulah dipaksakeun. Sabab, lamun anjeun maksa
nu teu suka, tangtu baé salah kacida… Mending bikeun wé ka salingkuhanna, tuluy
du’akeun sing pinanggih jeung kabagjaan.
RONI
Tapi uing
bogoh pisan, Mang…uing embung pipisahan jeung pamajikan. Uing bogoh
kabina-bina. Basa uing hayang kawin ka manéhna, puasa mutihna ogé 41 poé…
JAKA
Lamun bogoh kénéh, kari tuluykeun wé
rumahtangga silaing, teu kudu loba nyarita….
RONI
Tapi… tapi…
haté uing peurih kacida… nyeri pisan…
JAKA
Jadi,
silaing téh hayang kumaha atuh?
RONI
Kapaksa… uing rék ngurebkeun ieu
cinta ka pamajikan… taya deui jalan iwal ti dikurebkeun di Pajaratan Cinta….
JAKA
Éta mah
kumaha silaing. Lamun silaing geus buleud patékadan rék ngurebkeun cinta, kari
ngagebruskeun manéh ka Pajaratan Cinta…
Roni ngaléngkah ka deukeut lobang.
Ngajanteng sakedapan bari neuteup ka jero lobang, tuluy mencrong ka jauhna.
Kalayan asa-asa, Roni ngagebruskeun karep ka jero lobang.
Teu lila, Agni ngaronghéap datang.
Agni, hiji pajabat nu umurna kira-kira 40-45 taun.
AGNI
Sampurasuuun…!
JAKA
Rampés…
AGNI
Punten, rék tumanya… ari ieu téh
nyaan Pajaratan Cinta téa?
JAKA
Leres pisan.
AGNI
Ari didinya
kuncén Pajaratan Cinta?
JAKA
Sanés ari
kuncén mah. Nanging… simkuring terang kana sasakalana ieu Pajaratan Cinta.
AGNI
Lamun kitu mah, geus wé ti mimiti
ayeuna, didinya diangkat jadi kuncén Pajaratan Cinta. Urus sing bener ieu Pajaratan Cinta.
Lamun aya nanaon, kari ngomong ka didieu. Didinya tangtu nyaho saha ari didieu.
Nyaho teu saha ari didieu?
Jaka mencrong sakedapan.
JAKA
Duh….
Geuning ieu téh pangersa… hawatos teuing kersa rurumpaheun kadieu. Tangtos baé
atuh simkuring terang pisan ka salira. Salami ieu, simkuring mung terang ka
salira téh dina tivi wungkul. Manahoréng salira téh….
AGNI
Geus teu
kudu disebutkeun, bisi aya cakcak bodas. Pokona sing demit. Rusiahkeun lamun
didieu kungsi nganjang ka Pajaratan Cinta.
JAKA
Hapunten,
cinta ka saha nu badé dikurebkeun ku salira téh? Cinta ka tuang garwa?
AGNI
Éta mah geus
tangtu, lantaran kuring boga kabogoh deui ka ABG. Tapi aya nu leuwih penting ti
éta…
JAKA
Hapunten…
dupi maksadna kumaha?
AGNI
Sakeudeung
deui ogé didieu bakal jadi wawakilna nu ngawakilan wakil mentri. Engké lamun
geus jadi, didieu hayang jadi wakilna wakil mentri. Geus kitu, naék kana wakil
mentri, tuluy jadi mentri. Lamun geus jadi mentri, didieu rék nyusun stratégi
pikeun nyalon jadi Présidén. Kumaha wé carana, ngarah rayat boga anggapan yén
didieu téh dikaniaya ku présidén. Rayat urang mah pan karunyaan lamun nyaksian
anu dikaniaya téh. Pasti didieu bakal dibaréla ku rayat, tur didukung jadi
présidén.
JAKA
Saé, saé…
saé pisan impénan téh…
AGNI
His, lain
impian atuh! Nu kitu mah ngaranna cita-cita. Bédakeun antara impian jeung
cita-cita. Ari impian mah hiji kahayang nu boa iraha kahontalna, malah
deukeut-deukeut kana moal kabiruyungan. Contona mah lamun didieu hayang jadi
pamaén Realmadrid, éta ngaranna ngimpi, da puguh teu becus maénbal. Béda jeung
cita-cita, anu pararuguh targét waktuna, bari jeung ngukur kaayaan anu ayeuna
keur disorang.
JAKA
Oh, hapunten
pami kitu mah. Lajeng, wangsul deui kana perkawis ngurebkeun cinta téa… cinta
ka saha anu badé dikurebkeun ku salira?
AGNI
Regepkeun,
Mang Kuncén, sakumaha anu kasaksian ku urang ayeuna, kahirupan téh asa beuki
ketir ngabandunganana. Loba rahayat nu katalangsara lantaran geus teu walakaya
nganghareupan kahirupan nu natrat beuki beuki beurat. Pangangguran beuki
nambahan, anu antukna angka kamiskinan réalitasna mah jelas naék pisan.
Ngabusung pisan lamun aya nu nyebutkeun angka kamiskinan turun. Tuh, tingali nu
baramaén di parapatan! Tuh, ténjo nu haréés di kolong jambatan! Tuh, saksian nu
ngantay pasesedek rék dibagi dibagi duit ku jutawan! Tuh, deléh nu padumukanna
digusur! Tuh, deuleu pasar-pasar tradisional nu diduruk! Jalma leutik mah beuki
kaséréd, tur lila-lia tangtu bakal kaléléd. Matakna teu anéh lamun
ngalantarankeun beuki undakna kriminalitas jeung karusuhan. Nu silih paéhan
alatan perebut hakaneun. Nu silih podaran alatan parebut lahan usaha. (nginghak) Peurih
haré didieu téh… nyeri pisan nyaksian kaayaan rahayat siga kitu.
JAKA
Sumuhun,
mémang kitu kanyataanna…
AGNI
Heueuh, Mang
Kuncén, tapi ari di sisi séjén mah kaayaanna papalimpang pisan. Para pajabat
pamaréntah jeung wakil rayat, mancénna baroyot jeung barolot. Beuteung wé galembrot ladang
cocorokot. Aya ogé nu ngan nguruskeun patlot. Lain patlot sabangsa péso pangot,
da ieu mah patlot anu sok ditambaan ku Ma Érot. Angot nu pipina karempot.
Nyahona ngan dikenyot jeung dilamot. Beuki parétot jeung paréot, mingkin kahot
cocorokot. Diarot. Regot, regot, ngaleueut késang rayat nu lamokot boborot
bobolokot. Siga nu heueuh tipopolotot sosorongot ngabéla rahayat di nagri
warisan kolot. Silih sorobot, silih kaprot. Nu puguh mah ukur hayang kasorot,
ngarah leuwih laluasa cocorokot. Brot! Brot! Brooot…! Brooot…! Torotot!
Torotot! Héot…! Maranéhna babacot. Kalah bau badot.
JAKA
Sumuhun, leres, leres, simkuring sapuk pisan. Teu sangki salira
téh geuning pajabat anu kritis. Langki pisan pajabat anu titén kana nasib
rahayat sapertos salira…
AGNI
Nu matak didieu ogé ahirna jadi ngarumas. Naha batur mah mani taya
ras-rasan madog duit rahayat? Naha batur mah mani taya kainggis ngabeungharkeun
dirina jeung kulawarga? Béda, béda pisan jeung didieu nu salawasna asak
timbangan, tara kumawani korupsi saeutik-eutik acan. Karunya, deudeuh, nyaah,
jeung cinta ka rahayat. Didieu kalintang cinta ka lemah cai, geusan
wariskeuneun ka anak incu nu baris datang.
JAKA
Saé, saé pisan salira mah…
AGNI
Lain saé-saé, Mang Kuncén! Didieu ogé sarua baé hayang beunghar,
hayang nyandung, hayang boga awéwé simpenan. Mangkaning kasempetan keur korupsi
mah kalintang lobana. Sakali korupsi gé didieu mah bisa kabeuli pulo, bisa
kabeuli mobil pangméwahna, bisa bobogohan jeung modél pangséksina…
JAKA
Punten, dupi maksadna kumaha?
AGNI
Heueuh, pangna didieu datang kadieu téh apan tujuanna éta. Didieu
hayang ngurebkeun rasa cinta ka rahayat jeung lemah cai, ngarah laluasa korupsi
bari teu boga rasa karunya, nyingkirkeun rasa watir, nyingkahkeun rasa welas ka
sasama. Didieu hayang jadi jalma téga! Kajeun teuing batur mah katalangsara
ogé, nu penting mah didieu bisa sukan-sukan sapanjang jaman….
JAKA
Janten… salira téh badé ngurebkeun rasa cinta ka rahayat sareng
lemah cai?
AGNI
Enya, didieu geus buleud patékadan, mending kénéh dikurebkeun baé,
ngarah teu loba pikiran dina ngagasak duit rahayat téh.
JAKA
Sumangga, salira kantun lebet kana lobang pajaratan cinta.
Kurebkeun cinta salira di dinya….
AGNI
Hé hé hé… nuhun, Mang Kuncén. Ayeuna kénéh didieu rék asup ka
Pajaratan Cinta…
JAKA
Pangapunten… raksukan salira kedah dilaanan heula. Cekap nganggo
kolor baé.
AGNI
Har, na moal peundeul kitu?
JAKA
Teu kedah isin-isin sagala. Kapan engké ogé salira moal gaduh kaisin
pami diparengkeun janten koruptor…
AGNI
Aéh, enya bener. Naha maké jeung kudu éra sagala. Geus hiji
tradisi jadi koruptor mah. Bakal sohor, loba disorot kaméra tivi. Dibui paling
sababaraha taun, jaba dipotong rémisi. Kaluar ti bui kari nunjalan duit ladang
korupsi pikeun sukan-sukan méakeun umur…
Agni mukaan pakéanna, kari nyésakeun kolor jeung
dasi.
AGNI
Mang Kuncén, meunang lamun dasina teu dibuka? Sabab dasi ieu téh
jimat didieu, meunang marancahan 99 urang dukun, sangkan didieu tetep kapaké ku
rahayat. Saratna ieu dasi ulah leupas tina awak dina kaayaan kumaha baé ogé.
Lamun dasi ieu dibuka, bakal ragrag jabatan didieu téh…
JAKA
Mangga, kénging…
Agni ngaléngkah ka deukeut lobang. Teu asa-asa,
ngagajleng ka jero lobang. Roni ngagoak. Agni ogé ngagoak. Agni hanjat deui.
AGNI
Bedul siah….! Geuning aya mangkeluk di jero lobang?! Leuheung
lamun awéwé mah, didieu ogé atoh. Apan itu mah sarua jalu! Naha moal nanaon
paduduaan jeung anu jenis kelaminna sarua? Kumaha lamun mangkeluk itu gay?
Cilaka tah didieu digadabah ku gay…
Roni hanjat ti jero lobang.
RONI
Sangeunahna pisan siah nuduh gay ka uing… (reuwas barang
ningali rupa Agni) aéh… hapunten… manawi téh sanés pangersa. Hapunten
pisan….
AGNI
Matakna saméméh engap téh, deléh heula saha nu keur
disanghareupan, kéhéd!
RONI
Hapunten, Pangersa… hapunten pisan… mangga bilih pangersa bade
lebet ka Pajaratan Cinta mahi, da abdi parantos réngsé. (Ka Jaka) Hatur nuhun
pisan Mang, ayeuna mah geus ilang rasa cinta ka pamajikan nu rucah téh. Ayeuna
geus buleud patékadan, rék pipisahan baé. Pilakadar urusan awéwé, asa teu kudu
leuleuweungan sagala. Nyeri haté ku awéwé, ubarna kari awéwé deui. Naon héséna
sih?
JAKA
Sukur wé ari silaing geus cageur mah….
RONI
Geus walagri deui ayeuna mah. (Ka Agni) Mangga, pangersa,
abdi badé permios tipayun…
AGNI
Kélanan, kumaha karasana sanggeus rereb di Pajaratan Cinta téh?
RONI
Mujarab pisan, Pangersa. Cinta abdi langsung ilang… Mangga cobian
ku pangersa…
Roni ninggalkeun éta patempatan.
AGNI
Enyaan, lamun kitu carana mah matih pisan geuning Pajaratan Cinta…
Agni ngaléngkah ka lebah lobang. Saméméh
ngagajleng noongan heula ka jero lobang.
JAKA
Teu aya sasaha ayeuna mah…
AGNI
Nyaan?
JAKA
Leres… mangga geura lungsur…
Agni ngagajleng ka jero lobang. Tapi teu lila
ngagoak, bari tuluy hanjat deui.
AGNI
Gélo téh… geuning loba bangkong korodok!
JAKA
Teu sawios-wios atuh pilakadar bangkong korodok. Kapan salira ogé
moal aya béntenna sareng bangkong korodok saupamina tos henteu cinta ka rahayat
mah…
AGNI
Aéh, enya bener…
Agni ngagajleng deui ka jero lobang. Teu lila,
Agni seuri ngagakgak di jero lobang.
AGNI
Ha ha ha…ngeunah geuning daging bangkong korodok ogé…. Dihakan ku
aing mah kabéhanana!
Jaka ngarasa murel nepi ka hayang utah. Teu
lila, Agni hanjat ti jero lobang.
AGNI
Gampil pisan geuning ngurebkeun cinta ka rahayat mah. Babari
pisan, ha ha ha…! Bener-bener matih Pajaratan Cinta téh! Ayeuna ogé geus
langsung ilang rasa cinta. Isukan moal asa-asa ngagasak duit rahayat, ha ha
ha…. Kuring bakal jadi jalma jegud, bru di juru, bro di panto, ngalayah di
tengah imah… ha ha ha… bru anu munu’u, bro anu marontok, ngalayah nu nangkarak
bengkang… ha ha ha…
Agni mulungan bajuna, tuluy ninggalkeun
éta patempatan.
Sakedapan Jaka ngahuleng siga nu
linglung. Rét ka luhur, rét ka handap, teu puguh cabak. Tuluy ngaléngkah ka
deukeut lobang.
JAKA
(ngagorowok
harus) Aaaaggh….! Ariiiin….! (ngahariring sempalan lagu “Matahariku”,
Agnes Monica) …dengarlah matahariku suara tangisanku, ku bersedih
karna panah cinta menusuk jantungku, ucapkan matahariku puisi tentang hidupku,
tentangku yang tak mampu menaklukan waktu…
Jaka ngagebruskeun manéh ka jero
lobang.
Sapasang lalaki jeung wanoja asup
bari silih kaléng, ngaléngkah ka deukeut lobang. Duanana asup ka jero lobang.
Teu lila duanana kaluar deui bari silih baeudan. Tuluy ninggalkeun éta
patempatan kalayan leumpangna ngalér-ngidul.
Asup saurang lalaki bari sura-seuri
sorangan. Tuluy asup ka jero lobang. Teu lila kaluar deui, bari ceurik
ngagukguk, tur ninggalkeun éta patempatan..
Asup saurang wanoja bari nginghak
ceurik. Tuluy asup ka jero lobang. Teu lila, kaluar deui bari nyéréngéh seuri
sorangan, sarta ninggakeun éta patempatan.
Lampu pareum.
Adegan IV
Wanci Peuting. Arin nu salin jinis jadi Pohaci Rababu
ngaronghéap.
RABABU
(Ngahariring pupuh Asmarandana)
Nu
nanceb dipusti-pusti
Aya
sirung teu kembangan
Lantaran
poho ngalongok
Katumbiri
méré béja
Rék
datang sandékala
Euntreup
kana eusi nyiru
Da
napian salah mangsa
Béas
beunyeur katut bangsal
Geuwat
pisahkeun ayeuna
Bisi
kabobodo ténjo
Paur
kasamaran tingal
Mending
ngampar sajadah
Mapag
Nyi Purnama imut
Sandékala bakal ngejat
Jaka hanjat ti jero lobang
JAKA
(ngahariring
Pupuh Kinanti)
Ngémploh
héjo nyawang lembur
Tinggarupay
di basisir
Hayu
urang ngampar samak
Mapag
léngkah nu kasilih
Carita
wegah lekasan
Ngagurat
jangji pasini
Cambéwék
ibun di gunung
Mawa
nyawang hiji asih
Méga
lir medar carita
Langit
ngajerit ka bumi
Jagat
ngocéak ka apah
Basa
éling Arin leungit
RABABU
Léngkah leutik nyacag jukut,
haté rangkidut. Ibun ka ibunan, sumirat hamo némbongan. Halabhab wahangan,
nganti hujan salaksa duriat. Cipruk cimata di lelemah wirangrong, nu ngahuyungkung
tisolédat na walahar. Anjeun budra-bidru ngaléngkah, tuluy anjeun tikoséwad
dina amlongan.
JAKA
Naon
éta téh hartina, Nyai Rababu? Naha anjeun ukur datang di antara impian jeung
kanyataan? Cacak anjeun bisa némbongan salawasna, meureun kuring téh moal
kasiksa dina kasimpé.
RABABU
Geuna-geuna
anjeun melak tangkal suliga. karunya ka nu kapidangdung. Anjeun kudu bisa
ngararaba rasa sasama.
JAKA
Naha
ukur kuring wungkul nu kudu ngaraba rasa? Ari batur teu kudu ngaraba rasa
kuring? Ari batur teu kudu ngarasakeun kumaha peurihna haté kuring?
RABABU
Lambaran
carita éndah kahirupan anu minuhan léngkah jeung engapan anjeun. Anu narétésan
gurilapna harepan anjeun. Hiji-hiji bakal haliberan, nungtutan ngagarupayan,
mileuleuyankeun haté anjeun anu gudawang.
JAKA
Naha teu
meunang kuring manggih kabagjaan? Naha ulah?
RABABU
Lain teu
meunang, lain ulah. Dina mangsa ayeuna, anjeun kalintang dipahing micinta Arin.
Keun, isuk jaganing géto sugan jeung sugan pareng ngarépok. Nu utama, dina
mangsa ayeuna, anjeun ulah! Anjeun teu meunang, dina mangsa ayeuna.
JAKA
Nyai Rababu,
lamun anjeun nyaram kuring ngahiji jeung Arin, naha anjeun daék jadi gagantina?
RABABU
(imut) Kula
jeung Arin mémang taya bédana. Tapi kula ukur aya di antara impian jeung kanyataan.
Rababu diuk.
JAKA
Anjeun
ngabohong, Nyai Rababu. Anjeun pasti aya di kieuna.
Jaka ngadeukeutan Pohaci Rababu, tuluy ngagolédag dina
lahunan Pohaci Rababu.
Lampu pareum.
Adegan V
Wanci beurang. Jaka saré dina batu.
Noni asup, semu langlayeuseun. Noni,
hiji wanoja nu umurna antara 20-25 taun.
NONI
Punteeen…
punteeen…
Jaka ngoréjat. Tuluy rarat-rérét ka
sakuriling.
JAKA
Nyai Rababu!
Dimana anjeun?
NONI
Pangapunten
abdi ngaganggu, Gan…
JAKA
Saha anjeun?
Aya naon datang kadieu?
NONI
Abdi mah
ukur jalmi nu tos peunggas harepan. Tadina mah abdi badé ngagéléngkeun manéh
dina rél karéta… namung nguping wartos didieu aya tempat nu namina Pajaratan
Cinta…
JAKA
Enya, bener.
Didieu pisan Pajaratan Cinta nu ditéangan ku anjeun. Ari anjeun rék ngurebkeun
cinta?
NONI
Sanés, Gan…
justru abdi mah badé ngalap cinta. Rumaos tos teu gaduh cinta dina ieu diri,
anu antukna tos wegah mayunan kahirupan. Mamanawian didieu abdi tiasa ngalap
cinta tina cinta-cinta anu parantos dikurebkeun….
JAKA
Didieu
tempat ngubur cinta, lain tempat ngalap cinta…
NONI
Sumuhun,
abdi ogé yaktos perkawis éta mah. Nanging… ieu mah hoyong nyobian wé jarah ka
Pajaratan Cinta, mamanawian tiasa ngalap cinta….
JAKA
Nya ari rék
maksa mah kumaha anjeun. Kuring ukur mépélingan wungkul, bisi cinta anjeun
korédas jeung haté-haténa. Tuh, asup wé ka jero lobang!
Noni ngaléngkah ka lebah lobang,
tuluy ngagebruskeun manéh ka jero lobang.
Jaka mencrongkeun dibarung
kabingung.
Teu lila, Noni hanjat deui kalayan
paroman béar marahmay.
NONI
Akang… ari
abdi kunaon, akang? Ahéng pisan geuning ieu mah…
JAKA
Ahéng kumaha
maksudna?
NONI
Naha abdi
bet ujug-ujug cinta ka akang. Hayu urang nikah sareng abdi, akang! Abdi cinta
pisan ka akang…
Noni lumpat muru ka lebah Jaka.
Puguh baé Jaka reuwas. Jaka lumpat ninggalkeun éta patempatan, sarta diudag ku
Noni.
Agni ngaronghéap datang.
AGNI
Mang
Kuncééén…! Suksés euy! Mang Kuncén…! Dimana manéh, Mang Kuncén???
Noni norojol.
NONI
Aduh alah
ieung… mani kasép sareng gagah akang téh… abdi cinta ka akang…
AGNI
Aéh, aéh…
saha ari manéh? Kakara wawuh ujug-ujug bogoh. Boa-boa manéh mabok cinta….
NONI
Duka atuh,
akang… pokona abdi cinta ka akang…
AGNI
Manéh mah
over dosis cinta…
NONI
Akang, hayu
urang nikah sareng abdi…! Akang ulah lumpat….!
Agni lumpat ninggalkeun éta
patempatan, kalayan diudag ku Noni.
Lampu pareum.
Adegan VI
Wanci peuting. Arin ngaronghéap.
Tuluy rurut-rérét néangan Jaka.
ARIN
Jaka… Jaka…
Jakaaa…!
Jaka kaluar ti panyumputan.
JAKA
Arin!
Jaka jeung Arin silih rangkul. Arin
nginghak ceurik.
JAKA
Naha anjeun
kadieu deui? Kapan cinta anjeun geus dikurebkeun di Pajaratan Cinta….
ARIN
Mémang geus
dikurebkeun, Jaka. Tapi cinta téh teu weléh marakayangan saban mangsa.
JAKA
Lamun kitu
mah taya bédana. Cinta kuring ogé kalah ngajungjurigan…
ARIN
Cinta teu
weléh ngariwanan…
JAKA
Cinta kalah
ngaririwaan…
ARIN
Kudu kumaha
atuh, Jaka?
JAKA
Lamun kalah
marakayangan, ngajungjurigan, ngariwanan, ngaririwaan… kapaksa kudu
disampurnakeun.
ARIN
Kumaha cara
nyampurnakeunna, Jaka?
JAKA
Kieu, sigana
mah anu dikurebkeunna lain cinta wungkul, tapi sakalian wé dikurebkeun jeung
awakna. Sok, ayeuna mah geura ruang kuring di Pajaratan Cinta!
ARIN
Lamun awak
anjeun dikubur ku kuring, saha nu bakal ngaruang kuring? Jadi, mending kénéh
awak kuring anu diruang ku anjeun.
JAKA
Ari engké
anu ngubur kuring saha?
Jaka jeung Arin ngabetem. Ronghéap
Suhadi datang.
SUHADI
Maranéh
duaan henteu kudu diruang. Mending kénéh kubur awak kuring ku maranéh…
Arin jeung Jaka ngaranjug. Arin muru
ka Suhadi, tuluy nyuuh dina nampal suku Suhadi.
ARIN
Kang Suhadi…
hapunten abdi, Kang… hapunten…
SUHADI
Lamun anjeun
teu bogoh ka kuring, naha atuh anjeun bet daék dikawin ku kuring?
ARIN
Hapunten
abdi… Kang….
Suhadi ngaléngkah ka lebah Jaka,
tuluy mencrong Jaka seukeut naker. Leungeunna tipepereket nahan amarah, lir anu
sajebrod-jebrodeun nonjok Jaka.
SUHADI
Anjeun rék
ngarebut pamajikan kuring?
JAKA
Enya, tapi
kuring mah kakara arék. Béda jeung anjeun. Anjeun mah geus kabuktian ngarebut
kabogoh kuring. Ti 10 taun katukang, kuring geus paheut jangji pikeun ngambah
rumah tangga jeung Arin. Tapi anjeun ngancurkeun impian kuring. Anjeun nu
ngaburak-barik harepan kuring… anjeun nu ngaburantakeun rarancang éndah kuring…
SUHADI
Kuring teu
nyaho jeung teu hayang kana lalakon pamajikan. Sakabéh manusa miboga mangsa
lawas séwang-séwangan. Tapi dina mangsa paheut jatukrami, hartina sakabéh
lalakon mangsa katukang kudu dikubur. Kuring geus lima taun rarabi, sarta geus
boga turunan. Anjeun ngaganggu rumahtangga kuring! Anjeun biadab!
JAKA
Ayeuna
sanggeus anjeun nyaho lalakon cinta kuring jeung Arin, naha anjeun keukeuh rék
maksakeun kahayang? Bisi anjeun teu nyaho, cinta mah moal bisa dipaksakeun.
Arin ukur micinta kuring, lain micinta anjeun!
Suhadi ngahuleng.
SUHADI
Enya,
hampura kuring… ana kitu mah, kuring nu kudu ngéléhan…
Suhadi ngagebruskeun manéh ka jero
lobang. Arin ngaranjug, tuluy muru ka lebah lobang.
SUHADI
Sok, geura
kubur awak kuring ku maranéh duaan! Kuring nu salah. Kuring nu ngarebut
kabagjaan maranéh! Lamun kuring geus dikubur, maranéh bisa laluasa ngumbar
kasuka….
ARIN
Kang
Suhadiii! Ulah, Kang…!
Arin metot leungeun Suhadi
SUHADI
Keun baé,
kuring ihlas… demi kabagjaan aranjeun…
ARIN
Ulah, Kang…
hampura abdi… Kumaha teuing nasib Rizky , anak urang…. Sing karunya ka anak
urang, Kang….
Suhadi hanjat deui. Tuluy Suhadi
ngarangkul Arin.
SUHADI
Hayu urang
mulang….
ARIN
Mangga,
Kang…
Suhadi nuyun leungeun Arin,
ngaléngkah ninggalkeun éta patempatan.
JAKA
Suhadi…!
Suhadi jeung Arin ngarandeg. Jaka
nyampeurkeun.
JAKA
Hampura
kuring… Kuring ngadu;akeun kabagjaan aranjeun…
Suhadi neuteup Jaka. Tuluy Suhadi
ngarangkul Jaka.
SUHADI
Urang silih lubarkeun, Jaka… urang
silih hampura…
Sanggeus Suhadi ngaleupaskeun
rangkulan jaka. Arin ngaléngkah ka lebah Jaka.
ARIN
Jaka,
hampura kuring… (bari ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman)
Jaka ngabalieur, henteu daék
nampanan leungeun Arin.
JAKA
Moal aya nu
bisa ngaganti anjeun, sanajan diganti ku anjeun….
Suhadi nuyun deui pigeulang leungeun
Arin, sarta ninggalkeun éta patempatan.
Jaka ngaléngkah ka lebah lobang.
Tuluy ngagebruskeun karep ka jero lobang.
Noni Norojol.
NONI
Akaaang…
akaaang…. Abdi cinta ka akang…
Noni lunga-lengo ka jero lobang.
Jaka hanjat bari nyepeng suluh.
JAKA
Indit siah!
Mun teu indit, disiksa ku aing!
NONI
Akang… naon
lepat abdi… ampuun, akang…. Abdi cinta ka akang…
JAKA
Sakali deui
ngomong cinta, ku aing disiksa!
Noni lumpat bari nginghak.
Torojol Agni.
AGNI
Suksés
pisan, Mang Kuncén. Ayeuna didieu geus jadi koruptor kelas kakap. Didieu geus
jadi jalma medah-meduh, sagala aya, sagala boga, sagala nyampak. Tah, ayeuna
téh loba babaturan didieu anu sarua hayang ngurebkeun cinta, ngarah bisa
korupsi bari teu kahalangan ku rasa karunya. Engké didinya kudu ngabagéakeun
sakur babaturan didieu anu rék ngurebkeun cinta. Keun, gampil perkara honorna
mah. Bisi didinya hayang hapé nu panganyarna, ku didieu dipangmeulikeun. Pokona
mah engké didinya bisa maén facebook atawa twitter. Engké lamun didinya geus
bisa facebookan, wayahna kudu diajar poker. Gampil modal chip mah, engké ku
didieu dibéré…. Ha ha ha… aya ku nikmat geuning jadi jalma jegud téh… hanjakal teu
tibaheula….
JAKA
Indit siah!
AGNI
Kumaha? Teu
salah déngé ieu téh?
JAKA
Nyingkah
ayeuna kénéh! Lamun henteu, disiksa ku aing!
AGNI
Aéh, aéh…
kakara dibéré jabatan kuncén, didinya geus wani cucungah ka didieu!
JAKA
Sakali deui,
nyingkah siah!
AGNI
Kurang ajar
pisan geuning didinya téh! Na geus poho saha ari didieu?
JAKA
Paduli
teuing saha manéh, nu penting lamun manéh teu nyingkah ti dieu, ku aing
disiksa!
Jaka ngababukeun suluh,
dibubat-babét. Agni soak, tuluy lumpat ninggalkeun éta patempatan.
Jaka ngasruk ka sisi lobang. Tuluy
ngagukguk.
Arin nu salin jinis jadi Pohaci
Rababu, ngaronghéap datang.
RABABU
Jaka… Jaka…
Jaka teu ngalieuk, kalah ngagukguk beuki harus.
RABABU
Jaka, ieu
kula, Arin…
JAKA
Moal aya nu
bisa ngaganti Arin, sanajan digantian ku Arin…
RABABU
Deudeuh
teuing, Jaka… cinta anjeun teu anu geus dikurebkeun téh angger marakayangan,
teu bisa disampurnakeun…
JAKA
Cinta kuring
geus dikurebkeun… geus tilar dunya…
RABABU
Lamun anjeun
masih kénéh micinta, anjeun ulah nyarita geus henteu cinta. Lamun anjeun teu
bisa mopohokeun, anjeun ulah nyarita geus poho. Ku cara kitu pisan jiwa anjeun
kasiksa. Di Pajaratan Cinta anjeun ngurebkeun cinta. Tapi dina hiji mangsa,
lamun kaayaanna teu papalimpang jeung kahayang alam, anjeun bisa ngagali deui
éta cinta.
Jaka cengkat, tuluy nyuuh bari
ngagukguk dina dampal suku Pohaci Rababu.
JAKA
Nyai Rababu,
ulah ninggalkeun deui kuring…
RABABU
Wayahna,
Jaka… anjeun kudu iklas. Anjeun kudu jadi lalaki sajati nu mibanda cinta
sajati. Anjeun ngarti anu anu disebut cinta sajati?
Jaka gideug
RABABU
Cinta sajati
nyaéta ikhlas ngantepkeun wanoja anu dipikacinta ku anjeun pinanggih jeung
kabagjaan, sanajan lain jeung anjeun. Malah anjeun kudu ngadu’akeun sangkan
manéhna bagja salawasna, sanajan lain jeung anjeun….
Anjeun kudu
nyaho, lamun anjeun iklas kaleungitan wanoja nu kalintang dipikacinta, éta téh
mangrupa pangorbanan cinta anu hakiki… pangorbanan cinta anu hakiki…pangorbanan
cinta nu hakiki….
Pohaci Rababu ngaléngkah,
ninggalkeun Jaka.
Jaka melongkeun Pohaci Rababu. Sanggeus Rababu leungit, Jaka
ngagebruskeun manéh ka jero lobang. Lampu
pareum.
Réngsé
Panjalu –
Bandung - Jakarta, 2010-1011